--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Dudi Herlianto" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Dudi,
sigana mah sanes kitu lagu anu dimaksad teh.
si borokokok "piit" anu dimaksad sim kuring mah, tembang cianjuran 
gitu dehh...
hampura abdi duh gusti, naha kamana atuh eta si borokok piit 
teh?..meuni teuteuingeun..

wass





> kang ihras...
> 
> biasa kang dina milis mah kieu, mun nu ditanyakeun teu apal naon
> jawapanna, nya ngajawap nu apal we sangkilang teu ditanyakeun. heu 
heu
> heu lir piit ngeundeuk-ngeundeuk siborokokok (ih nyambung teu 
nya?).
> cing cuang nyobian ngajawap nu ditaroskeun ku akang, sugan bener. 
ngan
> hanjakal jigana mah moal nyugemakeun, da ukur tiasa naros ka mang
> google.
> 
> aya lagu perpiitan meunang nimu tina mangle, ngan hanjakal kari
> sapada. dijudulan kunu ngarangna mah "piit jeungjing", kieu cenah:
> 
> Piit meuting dina jeungjing
> Palias poho ka imah
> Ka jauhna ti beh kulon
> Di Wanci surupna layung
> 
> lagu ieu sanes kang?
> hi hi hi hi sok-sok-an (k-na ulah dibaca) wae ieu mah da puguh sami
> teu apal. ke urang antos sakedapan deui geura, sugan we nu ahli
> ngulampreng. urang taros sasarengan nya? :))
> 
> dh.
> 
> kang ihras nyerat:
> eueleuh eueleuh geuningan'naha jdi rame kieu,
> gara-gara sim kuring nyebatkeun "kabungbulengan" ku
> tembang ..geuning ari piit mah ting tara anggang ti
> sayangna.."
> ari simana horeng, kalahka anu dibahas teh si borokok
> kabungbulengan, ari pertanyaan sim kuring tidak ada
> yang ngawaro..meuni kacian deh gue..kacida pisan euy.
> 
> punteun wae sadulur dabaraya sadayana, tulungan sim
> kuring naon atuh eta judul lagu sareng artisna teh..
> sugan ari wa kepoh atanapi mang wahyu adam aya di
> groups ieu teu?..please atuh give me the
> answer..(caileh make basa inglis sagala..)
> atanapi upami aya anu ngoleksi CD-na, panginteun eta
> oge upami kersa abdi ngiringan ngopy..hhe hhee
> 
> mangga ah sok, teraskeun diskusi si borokok
> kabungbulengan..
> wass
> 
> On 6/21/06, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > eueleuh eueleuh geuningan'naha jdi rame kieu,
> > gara-gara sim kuring nyebatkeun "kabungbulengan" ku
> > tembang ..geuning ari piit mah ting tara anggang ti
> > sayangna.."
> > ari simana horeng, kalahka anu dibahas teh si borokok
> > kabungbulengan, ari pertanyaan sim kuring tidak ada
> > yang ngawaro..meuni kacian deh gue..kacida pisan euy.
> >
> > punteun wae sadulur dabaraya sadayana, tulungan sim
> > kuring naon atuh eta judul lagu sareng artisna teh..
> > sugan ari wa kepoh atanapi mang wahyu adam aya di
> > groups ieu teu?..please atuh give me the
> > answer..(caileh make basa inglis sagala..)
> > atanapi upami aya anu ngoleksi CD-na, panginteun eta
> > oge upami kersa abdi ngiringan ngopy..hhe hhee
> >
> > mangga ah sok, teraskeun diskusi si borokok
> > kabungbulengan..
> > wass
> >
> >
> >
> >
> >
> > --- Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > > Haturan, Kang Brad sareng balaréa ti suklakna ti
> > > siklukna...
> > >
> > >   Aya "irisan" ("intersection") antawis
> > > "kabungbulengan" sareng  "kapéngpéongan" teh, nyaéta
> > > dina perkawis "kabetrik asih kapanah  asmara".
> > > Nanging, asana mah, teu aya anu kapéngpéongan ku
> > > nomer buntut  atanapai kapengpeongan dikantun pupus
> > > ku nu janten carogé. (Ieu oge  bari mapatkeun élmu
> > > Kang Dudi: manawi jeung sugan téa... Punten ah,
> > > Kang Dudi... kuring niron yeuh...)
> > >
> > >   Ari nyebat "carogé" teh sok emut kana banyol,
> > > ngageuhgeuykeun urang  wétan (banyol, silih poyok,
> > > bari seuseurian....) Ku sabab Ki SIlah téh  hayang
> > > nyaritakeun ku basa lemes yén bojona ngalahirkeun,
> > > ari pok téh:  "Pun bojo parantos ngalahirkeun,
> > > anakna carogé" (maksudna mah tangtos  lalaki atanapi
> > > pameget). Aya deui nu sanés, kieu geura:
> > >   (1) Di Bandung hujanna teh loték, ari di Garut mah
> > > badak (makud Ki Silah: loték->leutik, badak->badag)
> > >   (2) Matakna upami budak abdi nuju ulén ulah sok
> > > ngaduketan (maksud Ki Silah: ulén->ulin,
> > > ngaduketan->ngadeukeutan)
> > >
> > >   Saleresna mah aya hiji deui, ngan rada por por
> > > lah... Sieun kacerek ku UU APP...
> > >
> > >   Punten ah ka Ki Silah ti wétan.
> > >
> > >   Aeh, Kang Brad, kapikumaha ka Brad Pitt?
> > >
> > >   Baktos,
> > >   AJ
> > >
> > >
> > > brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > >
> > > Punten Apih, kang AJ,
> > >
> > >   Benten  teu,  kecap kabungbulengan sami sareng
> > > kapengpeongan? Upami  ninggal waleran ti kang
> > > AJkusnet sigana kubakat bogoh pisan  janten
> > > poekeun..., bogoh paeh lah...eh eta mah tina cinta
> > > mati atuh  nya? hehe
> > >
> > >   Naha bet lumpat kana  kabungbulengan nya padahal
> > > pan anu digunemcaturkeun kabiruyungan? Sugan  we
> > > kabiruyungan aya anu haat masihan bongbolongan ka
> > > abdi, keun we  disebat bodo oge nu penting alewoh.
> > >
> > >   Salami  ieu abdi nganggap kecap kapengpeongan
> > > leuwih rongkah (darajat  poekeunana!) tibatan
> > > kabungbulengan duka tah leres henteuna atanapi
> > > tibalik?
> > >
> > >   Contona upami ,"Kang Asep  kabungbulengan ku neng
> > > geulis ", darajatna nembe nangkeup  tuur dijuru,
> > > upami parantos kapengpeongan mah salian nangkeup
> > > tuur  dijuru teh bari sura seuri sorangan
> > > kadang-kadang melak cau, aya  nungaliwat langsung
> > > nangkod!...hehe. Anyir...geus stadium 13 ieu mah?
> > > Har...naha ka aing!, ceuk kang Asep. Punten pan ieu
> > > mah conto namina  oge, kenging atuh! Kaci pan! hehe
> > > deui
> > >
> > >   Nyungken bongbolonganana ah ti sepuh sareng baraya
> > > sadaya!
> > >
> > >
> > >   baktos,
> > >
> > >   brad
> > >   Kang, punten eta siku kana angen, eungap yeuh!
> > >
> > >
> > >
> > > Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > >   Haturan, Apih...
> > >
> > > Upami  teu lepat mah "kabiruyungan" sareng
> > > "kabungbulengan" teh bénten pisan  hartosna téh.
> > > Kecap "kabiruyungan" biasana ngantét sareng kecap
> > > "meunang bagja" (malah sakapeung mah sareng kecap
> > > "kagunturan madu").  Contona: tiasa tepang sareng
> > > anu lami kapidangdam (sakumaha anu  dicontokeun ku
> > > Apih), janten juara, ssté.
> > >
> > > Nanging "kabubungbulengan" mah hartosna téh
> > > "poékeun"  (lupa diri, Ind.). Contona sapertos Néng
> > > Nia  kabungbulengan ku Jang Sapri (di dieu sababna
> > > teh "memendam rindu"),  Mang Lamsijan kebungbulengan
> > > ku nomer buntut, Bi Asih kabungbulengan  dikantun
> > > pupus ku carogéna.
> > >
> > > Manawi, kitu oge Pih...
> > >
> > > Baktos,
> > > AJ
> > >
> > > Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > >   Waalaikum salam wr. wb.
> > >   Punten ngawalerna sabulangbentor yeuh...., ma'lum
> > > teu gaduh referensi nanaon teu kamus teu pabetekan
> > >   mung saaya-aya anu nempel dina emutan anu tos
> > > ampir pinuh memorina.
> > >   Kabiruyungan memang ampir sami sareng
> > > kabungbulengan...
> > >   bentenna kabungbulengan ku jalmi anyar/nembe
> > > tepang.
> > >   kabiruyungan : kabungbulengan ku jalmi anu tos
> > > wanoh   lami.
> > >   kabiruyungan = sono anu liwat saking.
> > >
> > >   Punten upami lepat........., nyuhunkeun tulung
> > > pang lereskeun...
> > >
> > >   ssw
> > >
> > >
> > >   Apri" [EMAIL PROTECTED]
> > >           Assalaamu'alaykum wr.wb,
> > > Punten baraya, abdi teh bade tumaros. Numawi aya nu
> > > terang, hartosna kecap "kabiruyungan".
> > > Abdi teh nuju ngadangukeun .mp3 na bu Hetty, ari pek
> > > teh aya lirik:
> > > "duh engkang, abdi kabiruyungan".
> > > Naha hartosna teh sami sareng "kabungbulengan"?
> > > Hatur nuhun kana bantosanna.
> > > wassalam,
> > > Apri
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > > ---------------------------------
> > >   YAHOO! GROUPS LINKS
> > >
> > >
> > >     Visit your group "urangsunda" on the web.
> > >
> > >     To unsubscribe from this group, send an email
> > > to:
> > >  [EMAIL PROTECTED]
> > >
> > >     Your use of Yahoo! Groups is subject to the
> > > Yahoo! Terms of Service.
> > >
> > >
> > > ---------------------------------
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > > ---------------------------------
> > > Do you Yahoo!?
> > >  Next-gen email? Have it all with the  all-new
> > > Yahoo! Mail Beta.
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >           
> > > ---------------------------------
> > > Do you Yahoo!?
> > >  Get on board. You're invited to try the new Yahoo!
> > > Mail Beta.
> >
> >
> > __________________________________________________
> > Do You Yahoo!?
> > Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
> > http://mail.yahoo.com
> >
> >
> >
> >
> 
> 
> -- 
> ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
> :.lembur deudeuh.:
> http://banjarasih.blogsome.com
>









------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Check out the new improvements in Yahoo! Groups email.
http://us.click.yahoo.com/6pRQfA/fOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke