Lamun seug persib ngiluan piala dunya wakil ti indonesia, meureun ibur salelembur ear sajajagat. Ngan hanjakal ukur dina lamunan wungkul, kanyataanana lir ibarat ngajul bulan ku asiwung. Sanajan enya ngan ukur dina lamunan tapi keun bae da ceuk si kabayan ge hirup mah cukup ku ngalamun, hayang beunghar leng ngalamun, hayang nu geulis leng deui ngalamun. Kukituna hayu atuh urang ngaralamun,ngalamunkeun persib bisa makalangan di nuremburg, hanover atawa gelsenkirchen;
 
* Saminggu samemeh prung para pamaen persib wajib kursus kilat ortopedi sangkan awakna jadi jalugjug jangkung nandingan pamaen asing.
* Bakating ku hayang nongton siaran langsung, para bobotoh kapaksa patungan nyarter pasawat CN235, ngan hanjakal teu kaasupkeun kabeh nya kapaksa sawareh reuteum dina jangjangna.
* Samemeh persib der makalang diayakeun heula pertunjukan debus jeung kuda lumping
* Saprak ningali aksi debus jeung kuda lumping para holigans ti inggris mamandapan mun kaparengan ngaliwat kahareupeun para bobotoh.
* Daun pulus keser bojong, lagu pangpaporitna lamun persib nek makalangan.
* Saprak aya piala dunya pengamat politik jaradi pengamat bola, obrolan ibu ibu arisan oge teu jauh ti urusan perbalan
* Salila piala dunya, anggota dpr loba nu reses, sabagian deui ngayakeun studi banding ka jerman sakalian lalajo
* Cita cita barudak oge garanti mun geus gede cenah hayang jaradi pamaen persib
* Ceuk panayaan mun persib hayang meunang, tihang gul lawan kudu dikiihan heula, atuh puguh we lamun kaparengan persib maen sok ngadadak bau kalelengking
* Ma erot oge milu andil ari dilemburna mah bisa ngajiad bola kasti jadi bola sepak, ari di jerman mah sabalikna bola sepak jadi bola kasti, pas hareupeun gul batur bal ngadadak meotan jadi susah ditewak
* Salian ma erot, dedi corbuzier oge diringkid ka jerman, titah nyulap gulna batur, mun balna melentung kaluhur, geuwat tihang gulna dijiad dijurukunungnungkeun kaluhur, mun balna melenceng kagigir gancang tihang gulna digeserkeun kagigir
* Antara bobotoh, bonex jeung jak mania basa keur ligina mah kawas ucing jeung anjing, naha ari keur piala dunya mah geuning layeut kawas gula jeung peueut
* Samarukna di pinggir stadion arena jerman loba tatangkalan, boro boro para bobotoh geus siap siap nek reuteum dina tatangkalan, lumayan bisa nongton kasebelasan kameumeutna kalayan gratis, ngan hanjakal diditu mah euweuh tatangkalan nu nyolodor kalapang
* Balik ti jerman pamaen nu lajang keneh bakal dipulung mantu ku para gegeden najan ahirna aya nu kanyahoan geus boga budak
* Geus ah....tong ngalamun wae bisi ngebul tah sirah ***sr***
 
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke