Mun tea mah Brazil eleh tilu gul we ku Jepang tur Croatia eleh ku Australia (duanana keur gedeg 1-1 ayeuna teh), bakal aya naraka deui di 16 badag, tegesna grup luhur. Sok geura tengetan. Jerman-Argentina adu hareupan di 8 gede, Itali-Brazil mah malah di 16 badag. Nu mareunangna bakal marebutkeun tempat ka pinal ngalawan... saha deui atuh lamun lain Walanda...

Ah... Ngarana oge ngalamun...

AJ

hangjuang bodas <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 
                                     GRUP NARAKA
 
 
Nalika helaran piala dunya baris digelar, ka 32 nagara pamilon tos dibagi jadi dalapan grup.  Di grup C nu dieusi ku Argentina, Walanda, Pantai Gading jeung Serbia-Montenegro nu disebut-sebut sabage grup naraka.  Naha disebut grup naraka?  Ieu mah panginten kecap kantetan nu ngahaja diciptakeun ku media (boh media citak oge media elektronik) pikeun ngagambarkeun kakuatan di ieu grup nu meh sarua atawa saimbang nu bakal nyuguhkeun tontonan adu-laga nu sengit, rongkah tur panas.
 
Memang pami ditilik hiji-hiji kasebelasan nu aya di grup C ieu, kahartos pisan ku urang kunaon grup ieu disebut grup naraka.  Di dieu aya tim tango Argentina jeung tim Oranye Walanda, dua nagara nu gaduh tradisi hebat dina widang bal-balan nu teu kedah dicaturkeun deui.  Oge aya Pantai Gading, nu sanajan karek munggaran ngiring piala dunya tapi tos disebut-sebut bakal jadi "kuda hideung" kusabab di babak kualifikasi tos sukses nyingkirkeun Kamerun jeung Mesir nu biasana sok jadi wawakil ti Afrika.  Pantai Gading oge gaduh panyerang nu eksplosif dina diri Didier Drogba (Chelsea), ditambih aya Kolo Toure (Arsenal) di barisan tukang nu teu disangsikeun deui kahebatanana pikeun nahan serbuan musuh-musuhna.  Terahir aya Serbia-Montenegro nu teu kaelehkeun salami babak kualifikasi, kalebet sukses ngabendung Spanyol jeung Belgia nu langkung diunggulkeun.
 
Kumaha kanyataanana di lapangan?  Pikeun Argentina mah grup C ieu teh sanes grup naraka, malah tiasa disebut grup nu empuk.  Saparantosna ngajungkelkeun Pantai Gading dina laga pamuka nu kawilang rada alot, teras Argentina pesta pora nyingkirkeun Serbia-Montenegro genep jendol tanpa bales.  Kitu oge Walanda, tiasa ngelehkeun musuh-musuhna di dua laga awal.  Jadina, sarengsena dua kali tanding, boh Argentina, oge Walanda tos lolos ka babak saterusna.  Antukna adu-hareupan antara Argentina jeung Walanda dina laga-tanding nu panungtung di grup C teu leuwih ti basa-basi alias formalitas wungkul.  Tos teu aya geregetna deui.  Nu ahirna grup C ieu teu pantes pisan nyandang gelar grup naraka.
 
Terus grup mana atuh nu tiasa disebut grup naraka?  Numutkeun kuring mah grup naraka teh ayana di grup E, nu dieusi ku Italia, Republik Ceko, Ghana jeung Amerika Sarikat (AS).  Nepi ka rengsena dua kali adu tanding, can aya hiji kasebelasan oge nu lolos atawa mastikeun ngalaju ka babak saterusna.  Sabalikna, can aya oge tim di grup ieu nu tos pasti kasingkir.  Adu-tanding pamungkas di grup ieu bakal jadi laga pikeun nangtukeun lolos henteuna ka babak 16 gede.
 
Di sagedengeun eta, jalanna adu-tanding nu tos lumangsung di grup E ieu  kawilang seru oge.  Italia --nu kawentar ku pertahanan ala gerendelna-- teu tiasa unggul ngalawan AS, malih mah wasit dina laga ieu teh kedah ngaluarkeun tilu kartu beureum pikeun ka dua kasebelasan.  Oge Ceko --nu gaduh peringkat ka dua versi FIFA-- teu walakaya nalika nyanghareupan Ghana, debutan ti benua Afrika.
 
Italia jeung Ceko baris silih telasan dina laga nu panungtung, kitu oge Ghana jeung AS masih keneh tiasa lolos pami salah sahijina aya nu unggul.  Tangtuna wae sa-opatna kasebelasan ieu bakal nyiapkeun taktik tur strategi nu paling jitu sangkan tiasa ngalumpuhkeun musuhna.  Pami diistilahkeun mah saopatna oge baris toh-tohan, bebeakan, sataker tanaga, nambrukeun sagala pangabisa nepi ka piriwit ahir. 
 
Antukna pikeun para gebol mah, adu-tanding nu siga kieu nu didagoan teh, nu teu gampil diprediksi hasil ahirna, oge tiasa nyiptakeun drama salami laga lumangsung tur nyajikeun "perang" nu sengit, rongkah jeung panas.  Sangkan memang pantes disebut grup naraka.
Cag,
 
hendra
nu kungsi ngimpen jadi komentator bola
 

Sneak preview the all-new Yahoo.com. It's not radically different. Just radically better.


How low will we go? Check out Yahoo! Messenger’s low PC-to-Phone call rates. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda -->
http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke