Kang, PMDK teh geus 21 taun ( tingali cariosan Pembantu Rektor IPB dina Kompas dinten ieu). Mahasiswa nu ditarima PMDK umumna nunjukkeun prestasi nu alus waktu kuliahna. IPB sakaterang kuring, ngarangking SMA di Idnoensia, kitu deui universitas anu sejen nu gaduh program PMDK. Jadi universitas ge, teu sagawayah asal rapor angkana alus.
Status UAN, lamun teu salah mah masih uji coba. Nu ku kuring diprotes, lain UANna, tapi peunteun UAN nu nangtukeun budak boga izasah atawa henteuna. Lamun carana kieu, murid ukur ngudag-ngudag peunteun UAN. Sakali deui, ari peran guru nu ngawarahna dimana? Cobi bandingkeun jeung paguron luhur. Nu nangtukeun mahasiswa lulus henteuna teh apan dosenna sanes?. Naha ari ka paguron luhur, pamarentah teh percaya, ari ka sakola Dasar jeung menengah teu percaya?. Padahal soal mutu, rek sakola dasar/menengah atawa paguron luhur, sarua we teu saragam. Ngan bedana teh ari paguron luhur mah aya badan akreditasi. Tah kumaha lamun UAN teh dipake keur metakeun mutu sakola dasar/ menengah di Indonesia, tapi lain keur nangtukeun boga izasah atawa henteuna budak (saperti nu disebat ku Kang Hasan Supriadi). "peta" ieu pan bisa digunakeun keur menerkeun sakola- sakola nu UANna goreng. Baktos, WALUYA -- In [email protected], Nana Tea <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ramijut nya sistem pendidikan di nagara urang ? > Naha make aya siswa lulus PMDK tapi teu lulus UN ? jwb : sistem > Pendidikan kirang leureus, loba teuing beban belajar ? > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Groups gets a make over. See the new email design. http://us.click.yahoo.com/XISQkA/lOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

