ceunah deui Mang.. beuki panas teh, soalna Matahari buka cabang dimana mendi...
-dul- --- In [email protected], "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Baraya, > > Numutkeun hasil panalungtikan gawe bareng geolog, ahli tari jeung ahli > pakaian adat, sarakan (bumi) Indonesia teh cenah beuki wetan beuki panas. > Naon buktina? Cobi wae papay ti kulon ti mimiti Aceh nepi ka papua. Pakaian > adat di Aceh lengkep nutup sakujur badan, tarianana oge teu pati loba > gerak. Mudun saeutik ka Padang, teu pati beda, baju adat masih buni, atuh > tarianana oge gerak-gerak sederhana. Beuki ka tengah, upamana, Bali, baju > adat mimiti muka rada lebar, bayeungyang tayohna mah, pok kitu > deui ibingna, pinuh ku gerak jeung gitek siga taneuh titincakanana geus > mimiti panas. Tah lamun anjog ka Papua, baju adat teh meh kari > sacewir-sacewir, ukur nutupan aurat anu pang auratna, sumawonna > igel-igelanana, ting jerete lir ibarat taneuh titincakanana pinuh ku areng > hurung. > > Hehehe, namina oge 4S, sura-seuri siga .....Hapunten, ieu mah landong baeud > wae mayunan week-end. > > baktos, > manAR > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Groups gets a make over. See the new email design. http://us.click.yahoo.com/XISQkA/lOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

