Bah, sae kintunanana... abdi nyungkeun widi bade dikempelkeun seratan samodel kitu. Mun parantos seueur bade dijilid sareng dipasihan judul " Cikopi Rasa Kahirupan" atanapi naon nya nu langkung "edun"? Hehe... tuturut munding ka "chicken soup for the soul" teu nya?
baktos,
brad
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
--- In [email protected], mj <[EMAIL PROTECTED]>wrote:
> Hehe...enya Bah, naon bae dijadikeun alat pikeun ngahontal cita2
atawa
> kahayang.
> ngan nya logikana kumaha, nu teu ngagem agama Islam, sina ngado'a
> basa Arab
> nu tangtuna ti ajaran Islam-aliran Islam nu lumpatna ka dinya. hehe.
MJ, ceuk cenah urang Tiong Hwa mah, manusa pragmatis, nu penting
hasilna, ari carana mah, rek make "ideologi" naon wae oge, teu
masalah ....hehehehe. Si Wanda, Tiong Hwa nu kurang maju, tapi kuring
oge boga kawawuhan, Pa X, nu boga pausahaan di Bandung. Pa X, Tiong
Hwa jegug, imahna di sisi jalan raya di Bandung, istrina arsitek,
dosen universitas swasta beken di Bandung. Anak-anakna euweuh nu
sakola di Indonesia, sadayana di Amerika.
Ka kuring Pa X kungsi ngadongeng, cenah waktu manehna sangsara keneh,
kungsi "masantren" di Kiai-Kiai. Malah cenah kungsi tatapa nurut ka
parentah Kiai di daerah Cililimus (sangkan hurip). Pa X oge apal Al
Fatihah. Lamun di jalan papendak jeung iring-iringan jenazah,
responsna otomatis nyebat : "Inalillahi ....". Atuh ucapan "insya
Alloh" mah komo diumbar pisan. Tapi lamun ditanya agamana naon,
manehna sok ngahuleng, tara ngajawab, kalahka mencrong. Pa X conto
manusa pragmatis, keur manehna nu penting hasil.
Urang Sunda jeung Tionghwa geus lila saling hubungan, mungkin geus
leuwih ti sarewu taun. Naha urang Sunda boga sifat pragmatis jiga
urang Cina? ..... nya duka teuing, tapi upami maca posting kang Deni
Suwarja nu nyebatkeun aya Haji sok masihan nomer buntut atawa dongeng
si Wanda nu boga "kasepuhan", ....sigana urang Sunda oge boga sifat-
sifat "pragmatis" siga urang Tionghwa bin Cina ....
Jenatna Deng Xiao Ping, pamimpin nu ngareformasi Cina Komunis, boga
motto kieu : "Kuring teu perlu ucing warnana naon, nu penting ucingna
bisa newak beurit".
Baktos,
WALUYA
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Yahoo! Groups gets a make over. See the new email design.
http://us.click.yahoo.com/XISQkA/lOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
Yahoo! Sports Fantasy Football 06 - Go with the leader. Start your league today! __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

