Ngangkleung……
 
Teuing niatna nanahaon urang kulon (Barat) teh bet resep kana kabudayaan wetan. Ceuk pikiran nu lempeung mah teu nanaon amun Barat boga kereteg nu alus dina mempelajari budaya sekeseler sejen teh. Tapi caritana bakal manjang jeung mayeung amun lumampah Barat ieu aya dina wengkuan "aya hate kadua leutik". Ari ceuk agama mah- kalakuan-lumampah teh kumaha niat. Atuh kumaha carana kaula nun pami urang hoyong terang hate batur?.. ah rada abot oge ngawalerna teh. Salaku muslim tinangtu ulah goreng sangka ka batur. Pasipatan ieu salah sahiji talajak ilmiah dina dunya kaelmuan. Sipat ieu oge kudu dicekel nepi ka iraha wae sumawonna urang jalmi-jalmi nu berbudaya luhung.
 
Teu dikanyahokeun alatan pasti, saha urang Barat nu pangmimitina neuleman diajar kabudayaan seler sejen. Ngan nu pasti geus kacaturkeun aya sababaraha urang pendeta Barat nu tos ngajugjug; ngadondon nagari Andalus/ Sepanyol ayeuna/ wewengkon Iberia. Maksad pendeta ka ieu wewengkon taya lian pikeun ngaji-diajar basa Arab, nerjemahkeun Alkuran ka basa manehna jeung ngaguru-nyorog ka elmuwan muslim dina mangpirang-mangpirang widang; khususna palsapah, kadokteran jeung matematika/eetangan. Diantara pendetana nyaeta pendeta Jerbert urang Perancis, nu mana anjeunna kapeto jadi baba gereja Roma taun 999 M sanggeus sakola rakyat (SR) atawa manggul tas ti Sepanyol, Pierrele Aénéré taun 1092-1156 jeung Gérard de Grémone taun 1114-1187.
 
Sanggeus para pandeta balik ka lemah caina, tuluy maranehanna nyebarkeun budaya Arab jeung karangan-karangan elmuwan nu kasohor, oge ngadegkeun sakola studi arab, ngajadikeun gereja/der jeung sakola arab tempat diajar/ngaderes karangan karya urang arab nu tos diterjemahkeun kana basa latin- nu mana basa latin mangsa harita mah basa elmu kabeh nagri Eropa. Ti harita paguron luhur Barat teras nyoko kana buku-buku/referensi Arab, nu mana dijadikeun silabus matuh-maneuh dina studi nu lilana kurang leuwih genep abad.
 
Ti mimiti harita teu pegat-pegat aya jalmi barat mempelajari islam jeung basa arab, nerjemahkeun Alkuran, buku-buku ilmiah jeung sastra tug nepi abad dalapan belas; nyaeta wanci penjajahan nagri-nagri islam, ngawasa karajannana gedengeun loba elmuwan barat nu engeuh kana katimuran-oreintalis-. Nerbitkeun majalah-majalah di daerah jajahanna, sumanget kana karya arab heubeul di nagri arab jeung nagri islam ku cara meuli tinu bogana atawa maok di perpustakaan umum nalika aya bancang pakeuwuh tuluy dibawa ka nagara jeung perpustakaanna. Sihoreng lain saeutik karya heubeul tur jarang teh- nu aya di perpustakaan Eropa. Nepi ka awal abad salapan belas geus aya kana dua ratus lima puluh rebu nu dijilid, jumlah ieu bakal tuluy nambahan.
Saparapat ahir abad salapan belas geus dikokolakeun awal padungdengan ngenaan katimuran di Paris taun 1873, teras tutuluyan padungdengan nu sarupa diayakeun, nu mana studina ngenaan timur, agama jeung kabudayaanna nepi ka kiwari…(katimuran jeung oreintalis, Dr. Mustafa Asibai, dar assalam, 1998, hal 15-17).
 
Bener islam teh luhung moal aya nu ngaluhunganna…..
Salah sahiji kaluhunganna nyaeta dina metode data. Geus aya janji Panggeran dina Alkuran, yen kitabNa bakal dijaga dina leungeun-lengeun nu teu tanggel waler. Oge seueur hadits kang jeung nabi nu aya patalina jeung metode data atawa bewara. Matakna najan sacara sajarah dina islam geus aya kajadian pacengkadan antawis papada islam –najan sabenernna mah masalah politis jeung kakawasaan- tapi akhirna islam jeung elmuwanna tiasa nakis bewara-bewara/iber nu teu uni atawa lain tina islam. Pikeun elmu motede data, makana aya nu disebat elmu mustolah hadis atawa elmu hadis. Taya lepatna pami abdi nyebat elmu metode data. Pikeun ngabedakeun mana hadis mana lain hadis teh luar biasa gawena teh, pangpangna ti mimiti ieu elmu kakara lelengkah halu. Alhamdulilah kalayan kajuhudan, kajununan jeung katekunan elmuwan hadis akhirna masalah ieu tos karengsekeun, nu mana ngahasilkeun karya mangjilid-jilid malah ratusan. Tos heula dina masalah ieu…..
 
Ayeuna geus kajadian buku-buku heubeul nagara islam atawa titinggal kabudayaan timur kaabus karya heubel sunda geus aya di perpustakaan Barat. Dina buku sejen nu tos ku abdi diaos mah malah aya kana jutaanna buku timur nu aya di perpus Barat teh, ieu sapagodos jeung tulisan di luhur, yen karya heubeul nu dijilid di barat poe ka poe bakal nambahan.
 
Najan urang barat nyerang ku gaya ilmiah khususna ka islam, islam geus kuat pondasina, nu diparibasakeun mah pondasina kuat maseuk ka darat, kembangna numuwuh ka luhur dina nyangharepan musuh. Ayeuna nu janteun problem kasundaan diantawisna referensina sabagian seuer –panginteun- aya di perpus barat. Padahal ciri modernitas atawa revitalisasi sunda teh cekel deleg kana ajen-inajen heubeul bari ngigel/eksis di jamanna?!..
Bisa disebatkeun US ayeuna teh keur gering panas tiris ngalanglayung lantaran geus pepegatan jeung ki sundana (karya heubeulna) ?.. aku tak tau macam mana tuh…
 
Tapi pami nilik ka elmuwan hadis mah aranjeuna teh asruk-asrukan jarambah ka tiap nagri islam pikeun tumanya hadis jeung riwayatna bari jarauh deuih jarakna teh. Oge waragadna ti pangagung/pangawasa raja-raja islam. Ari kasundaan atawa nu aya kaitaanna jeung sajarah sunda katut unak-anikna –waragad penelitian ti pamarentah teh meni seuseut seuat. Rek iraha undakna atuh atikan ti urang teh…sabalikna urang dengeun atawa Barat naliti bangsa timur teh beak dengkak, sosoroh kojor ngabelaan ku waragad heu heu…..
Ahli kasundaan heubeul hiji-hiji ninggalkeun urang, pami teu dibareungan ku tarekah numuwuhkeunna (ahli kasundaan heubeul) tinangtos kapayun bakal hawatos pami teu eungeuh wae antukna nga-hos..tilar dunya tea tapi can inna lillahi wa inna ilaihi rojiun da masih keneh aya hehe…
 
 Nb: di luhur aya tulisan yen penjajahan the mimitina abad dalapan belas, ieu kurang tepat. Naha?. mun dietang-etang taun 1945 dikurangan 350 taun teras "dijajah" ku wetaneun TS. Sabaraha lami tah…berarti kurang leuwih penjajahan TS teh aya kana 400-500 taunna nya?....leres teu pami lepat lempengkeun, katurug-turug sanggeus jaman kamerdekaan nepi kaayeuna, loba US can "merdeka" sacara pendidikan atawa kajajah sacara mental jeung budaya?...jadi mun mah enya sanggeus kemerdekaan US masih keneh "kajajah" berarti jumlah-jamleh US kajajah geus 560 taun leuwih…
Tos heula para wargi, ke ngadu bako deui.


Do you Yahoo!?
Get on board. You're invited to try the new Yahoo! Mail Beta. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke