Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Baraya Kusnet Sadayana.....
Kieu.....
pan Kusnet teh bada boboran teh rek ngayakeun Halal Bihalal.
enya lila keneh, kira-kira bulan Nopember, tapi pan kudu disiapkeun
ti anggalna keneh, ngarah teu riweuh teuing dina prungna.
HBH teh ngarupakeun Kopdar sataun sakali keur sakabeh anggota
Kusnet. Nu salse mah wayahna kudu ngaluuhan. Nu teu salse,
nya wayahna kudu maksakeun. nu jelas mah, Haratis...
Salian ti acara HBH teh, oge hayang ngayakeun acara Pasanggiri
(Lomba) Ngarang Pupuh jeung Nembang Pupuh, sapoe samemeh HBH.
Lomba ngarang ieu mah nya ! sanes lomba ngorong !
Tah, pasanggiri ieu diayakeun keur barudak sakola satingkat SD jeung
SMP nu aya diwewengkon dimana HBH diayakeun. Direncanakeun
HBH taun ieu teh diayakeun di Cibatu Garut. Tapi pamilon / peserta
ti wewengkon sejen ge bakal ditarima mun rek daptar mah,
asal masih keneh di wilayah Jawa barat.
Ngeunaan pasanggiri ieu, awal bulan Agustus rek dibewarakeun di
media massa sarupaning PR, mangle, cupumanik, galura jeung
sajabana. Tah kukituna, maksudna mah menta tulung ka sadaya
anggota Kusnet atawa barayana anggota Kusnet anu salse di lembur
anu daek katempatan jadi sekretariat, meh peserta teh teu kudu
jauh-jauh teuing daptarna.
Tugasna ngan saukur narima pendaptaran, ngeusian formulir,
narima pupuh hasil karangan peserta, tuluy diinformasikeun ka
sekretariat pusat. Formulirna mah ke dikirimkeun ka alamat
sekretariatna sewang-sewangan.
Alamat-alamat sekretariat eta teh baris dibewarakeun sakalian dina
media masa tea.
Wewengkon anu baris jadi target bewara teh nyaeta :
- Bogor
- Sukabumi
- Cianjur
- Bandung
- Garut
- Tasikmalaya
- Ciamis
- Kuningan
- Cirebon
- Majaléngka
- Sumedang
- Indramayu
- Subang
- Purwakarta
- Karawang
- Bekasi
- Dépok
Kusabab Pasanggirina diayakeun di Garut, keur sakola-sakola nu aya
diwewengkon Garut mah, bakal dikiriman uleman ka sakolana sewang2an.
Cik, anu rido janten sekretariat atawa gaduh baraya dilemburna nu
kersa,mangga ngacung !
bari ngintun data lengkep dihandap, kintun ka imel : [EMAIL PROTECTED]
kalayan nganggo subjek : Sayogi janten Sekretariat.
Nami :........................................................
Alamat
jelas : ........................................................
Kode Pos :
Kabupaten : ........................................................
No. Telpon /
Hape : ........................................................
Mangga baraya sadayana, diantos pisan
Wa'alaikum salam Wr. Wb.
Panitia HBH & Pasanggiri
-Ndoell-
enbe :
* nu nembe ngacung teh Kang Iim wungkul.....
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Great things are happening at Yahoo! Groups. See the new email design.
http://us.click.yahoo.com/TISQkA/hOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/