|
Telenges Hayam jang
Kemod curhat ka sapi Hayam : Seueur pejabat indonesia ditewak
pulisi lantaran korupsi Sapi : Sarakah pisan
nya urang indonesia mah ! Hayam : Muhun kang, kamari ge pun lanceuk
dipeuncit, dagingna diungkeb, peujitna dipais ....... mangkaning pun anak aya
lima asuheun keneh Sapi : Geus biasa teu
make rarasaan..... sigana jelema teh teu nyahoeun yen hayam nu didaharna teh
boga anak boga pamajikan ...... telenges pisan Hayam : Meureun koruptor teh siga kitu nya
kang??? Lima
Aa Hiji mangsa
aya turis ngaliwatan gundukan runtah, kalayan daria si runtah nyegat si turis
tuluy ngajak ngobrol. Salah sahiji obrolana teh kieu: Di bandung
mah aya lima Aa anu ngarana geus kawentar kamana-mana Ceuk runtah ka
turis Saha wae?
Turis nanya Aa Gim jeung Aa Boxer! Jawab
Runtah Eta mah ngan
dua, ari nu tilu deui? Apan Aing Anjir..!!.....hahaha Runtah Bandung
ngabarakatak seuri. Si Turis
seuri maur......... AS Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] Telenges Asep Salmon

