iing
AA misan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Jumaah kamari sikuring narima Reader's Digest keur bulan Juli 2006. Tah ieu pasti nu panghadena, ceuk gerentes hate barang katempo aya tulisan ngajeblag '10 new waysto lose weight now !' (pedah beuki dieu beuki burayut padahal porsi geus dikurangan), tapi artikel eta ku sikuring teu terus dibaca basa katoong di kaca116 aya tulisan sejen 'Uncommon Courtesy' nu ditulis ku Neena Samuel jeung Joseph K.Vetter (Jigana mah maranehna urang NYC pituin) nu ngayakeun tilu eksperimennyaeta 'doortests' (nyekel atawa mukakeun panto keur batur); 'document drops'(nulungan ngumpulkeun dokumen atawa susuratan nu ragrag 'teu dihaja') ;'service tests' (pagawe toko/bank/jasa nu sok nganuhunkeun) . Nya hasil ahir dinaWorld of Courtesy kasimpulanana kota Jakarta (Indonesia?) aya di urutan ka 28 .Beu, palebah dieu sikuring teu satuju ,malah rada nyeri hate nyimpen kota Jkt dinaurutan ka 28 ,sabab sing saha jeung di kota mana bae di jagad ieu tinangtu bakal nyekel/mukakeun panto ka sing saha bae nu aya ditukangeun urang. Komo ka nini-nini atawa aki-aki mah, kitu deui ka nu geulis. Tong boro dokumen/susuratan nu ragrag,najan nu leuwih 'parna' batan ragrag susuratan oge urang moal ukur lalajo.Basa sikuring aya dina angkot keur nyemprung ka Cimahi,hareupeun Pasar Induk Soekarno Hatta katingali welasan si emang beca keur pahibut mareuman roda baso nu tibalik kahuruan pedah cenahmah ngageleng batu. Tah geuning sipat baraya urang nu hayang nulung kanu butuh jauh leuwih hade batan urang bule.Taun kamari perenah sikuring nganjang ka TimesSquire NYC,meuntas bari ngalamun,na ari sebrung teh taxi ngaliwat,tapi teu tarik, si supir ngagorowok ,"Are you blind,man !!??" ,mun ceuk urang mah 'Ari sia lolong?" bari ngacungkeun ramo tengah,mun di urang mah jempol nu dicapit ku curuk jeung ramo tengah. Jiga kuku Bimageuning. Kitu deui pangalaman di kota NY keneh basa kuring asup ka toko elektronik hayang meuli kamera murah jenis Instamatik, pedah euweuh bandrolan sikuring nanyahargana, teuing pedah mata sikuring rada petet atawa pedah warna kulit sikuringsawo buruk, ana celengkeung teh lain ngajawab malah malik nanya,"How much money do you have?" Beu, nyaan teu sopan yeuh si bule teh. Ah teu loba carita,sikuring kaluar ti toko eta bari teu goodbye da bongan saha manehna teu bogatatakrama ka calon pembeli. Wah pokona mah loba lah 'kultur' di NYC nu (ceukbarometer US) kaasup 'tatacara' nu teu cocog.Malah pikasebeleun.Tah beda deui jeung Knoxville di Tennessee, masih di Amrik keneh, di kota ieueuweuh nu babasaan garihal atawa jorang. Duka pedah pendudukna agamis (diunggal juru aya gereja , hanjakal teu aya masjid. Aya oge dua mushalla bari heureutpisan), tapi nu jelas mah pendudukna 'nyakola' jeung sopan. Teu beda jeung di Tasikmalaya atawa Cianjur, dua kota di Jabar nu ku sikuring perenah dicicingan.Jadi mun ceuk Neena S jeung Joseph K.V. dina tulisanana yen 'NYC is the mostpolite (courteous) city in the entire world' teh wadul badag. Sikuring satuju munNYC kaasup kota pang bagadna sa alam dunya (meureun), tapi teu pisan-pisanka asup kota nu pang sopana. Punten, ieu mah pamadegan sikuring pribadi.Heup ah .Misan====
Yahoo! Sports Fantasy Football 06 - Go with the leader. Start your league today!
Ring'em or ping'em. Make PC-to-phone calls as low as 1¢/min with Yahoo! Messenger with Voice. __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

