Haturan oge, Kang Dudi. Lamun teu salah mah di salah sahiji nagara 
bagian di Amerika, kungsi nu anti teori evolusi ngajukeun ieu ka 
pangadilan, supaya faham creatonist oge diajarkeun di sakola. Ngan 
cenah ditolak hakim, sabab faham eta dianggap "agama" nu di nagara 
sekuler jiga di Amerika teu meunang diajarkeun di sakola. Seueur Gereja 
di Amerika nu anti kana teori Evolusi. Kulantaran Amerika mah beunghar 
pangaruhna gede ka dunya. Kuring kungsi maca di hiji millis Islam, yen 
buku-buku Harun Yahya oge, hasil tina gawe babarengan jeung gereja2 di 
Amerika nu anti kana teori evolusi. Gereja2 di Indonesia nu afilasina 
ka Amerika oge sami, seueur nu anti kana teori evolusi.

Percaya kana Teori Evolusi? .....hehehehehe kuring mah resep lamun 
lalajo film-film "Dunia Satwa" dina TV. Narator film-film dokumenter 
ieu, sok mere katerangan nu aya hubunganana jeung teori evolusi. Tapi 
nyaeta ukur sakadar resep nonton filmna wungkul atawa maca buku ilmiah 
populer. Da ari elmuna mah kuring teu diajar jeung teu icikibung di 
widang eta.

Naha perlu henteu Teori Evolusi diajarkeun ka barudak? cik tah kumaha 
baraya?. Ayeuna dina palajaran IPA, lamun teu salah, aya saeutik 
disigeung soal teori evolusi. Contona soal evolusi kuda.

Baktos,
WALUYA

--- In [email protected], "Dudi Herlianto" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> haturan..
> 
> bah, enya nu nolak evolusi lolobana agamawan, sedeng ilmuwan hususon 
ahli
> biologi mah saeutik. contona nu ngiluan nandatangan petisi anti-
evolusi cek
> nytimes ieu (punten teu dibasa sundakeun).
> 
> ***(cutat dimimitian)***
> 






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
See what's inside the new Yahoo! Groups email.
http://us.click.yahoo.com/2pRQfA/bOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke