Innalillahi wa inna ilahi rojiun. Pamugi anu ngantunkeun ditampi iman islamna, kalebet maot syahid di jalan Alloh. Ka anu dikantunkeun pamugi aya dina katawekalan enggoning nampi ieu cocobi. Amin.
 
Baraya, kaleresan si kuring nembe, dinten ieu tiasa chatting + Kang Yaya anu masih di Korea. Ieu sabagean tina obrolan abdi + Kang Yaya dina chatting dicutat di handap ieu:
 
o_arahman: Kang...ngiring belasungkawa anu sageung-ageungna
Rukayadi Yaya: hatur nuhun Kang
o_arahman: duh mani nyodcod tuur ngupingna oge
Rukayadi Yaya: muhun atuh...kaping 18 Juli 2004 raka abdi ngantunkeun, kang oman ge panan ngalayad harita, kaping 17 Juni 2005 suamina ngantunkeun, kaping 24 Juni 2006 anak + incuna ngantunkeun
o_arahman: Gusti...........
Rukayadi Yaya: kurang ti 3 taun anak-minantu-incu-bunyut punbiang ngantunkeun
o_arahman: Inna lillahi wa inna ilahi rojiun
o_arahman: urang tiasa sedih parat dugi ka langit, namung urang ukur tiasa ngabudalkeun naon2 abu dijinkeun ku Alloh
Rukayadi Yaya: sumuhun kang
o_arahman: sing kiat Kang
o_arahman: masih pasrah sumerah ka pangeran
o_arahman: gunakeun timbangan anjeunNa sanes timbangan urang salaku makhluk dina ngemutanana
Rukayadi Yaya: pun biang mah nyarios kieu: "Tong nanya kumaha sedihna ema, tapi perhatikeun bagaimana ema mengatasi kesedihan"
o_arahman: leres pisan
Rukayadi Yaya: pun biang mah kiat pisan
o_arahman: reueus kang...
o_arahman: tah eta salah sawios hikmahna
o_arahman: AnjeunNa "ngamaotkeun" ku cintaNa anu moal kahartos ku urang salaku anu awam
Rukayadi Yaya: leres....
o_arahman: salira dimana ayeuna?
Rukayadi Yaya: di korea
o_arahman: moal mulih rupina?
Rukayadi Yaya: moal...da saur kulawargi teu kedah....
o_arahman: muhun masing tawekal wae
o_arahman: mangga didoakeun pisan
Rukayadi Yaya: hatur nuhun

Baktos,
manAR
On 6/27/06, Nila Erma Agustini <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Inalillahi wa inailaihi rojiun
 
Mugia Pa Yaya miwah kulawargi dipasihan Kasabaran sareng tawakal , amin
 
baktos,
emme
 
----- Original Message -----
Sent: Monday, June 26, 2006 8:57 PM
Subject: [Urang Sunda] Iber tunggara

 
Nembe bieu kenging iber,  Pa Yaya Rukayadi nuju kenging katunggaraan, rehna alo
Pa Yaya kenging kacilakaan (tabrakan) di Bandung dugika hanteuna sareng putrana anu nembe bade lebet pisan ka SMP, mulih kajati mulang ka asal, dipundut kunu Maha Kawasa......., Innalillahi wainnailaihi rojiun, asal ti Allah mulih deui ka Allah.
Mugi Allah SWT kersa nampi Iman, Islam sareng amal shalehna, almarhum dihapunten sadaya dosa sareng kalepatanana, oge dipaparin rohmat di alam qubur.
Nya kitu deui kakulawargina mugi dipaparin kasabaran sareng katawekalan nampi ieu cocobi, khususna ka pa Yaya kuanjeun, anu nyasatna unggal taun dikantun kukandang wargi, mugia dipasihan kakiatan batin sareng katawekalan...
Amiiiinnn ya robbal alamiinnn...
 
Pihatur]
ssw


Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke