enya di gunungcupu aya baso Benhur. aya keneh kang. nu gaduhna Mang Nu'man
(atawa Mang Mu'man) kakoncara ka mana mendi. ayeuna rada nyisi, di kampung
gandasari, rada ka wetankeun. putra ka dua mang Nu'man babaturan sakola
SD, SMP. ayeuna aya deui nu sohor teh, rumah makan Man Jabal. man=urang,
b. inggris, jabal=gunung, arab. jadi rumah makan urang gunung. hehe

kamari kang Iim Boim ka tasik cenah, nyimpang tuang siang di dinya. oge
kang Soni Jeknyeh urang Kertabumi Cijeungjing ari mulang sok nyimpang.

rorompok sepuh abdi caket rumah makan eta. saratus meteran. taros we ka
tukang parkir rumah makan man jabal atawa ka kasirna. heuheu..

----
Mang Jamal simkuring mah ari emut ka gunung cupu teh nalika kapungkur
upami bade ka ciamis/cikoneng teh sok ngahaja mun miang ti bandung teh
tara sasarap heula da bade muru baso gunung cupu, naha aya keneh kitu? 
kapungkur sik remen ka merdeka nuju jumengna h. idris.
  muhun putrana h. idris mah mung 3 . wawan, dama, yanti. ???
  dupi mang jamal palih mana gunung cupu/cikonengna?
  wassalm
  yanto
  ============


teu kenal kang ka kulawarga beus merdeka mah.da ongkoh di kotana
cikoneng,abdi mah di desa gunungcupu. jaba saluhureun. terang dama oge
abdi nuju sd, ari maen voli ka gunungcupu.

tukang kurupuk mah seueur. nu di cikonengna. ari urang desa sanesna mah
seuseurna, nyaraba, ngumbara, muka pabrik kurupukna di luar cikoneng. di
jawa wetan, malah aya cenah nu di sumatra. duka tah di jerman aya henteu,
mun aya sigana nuju marema, da nuju usum mengbal tea.

Akhmad Gunawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Mang Jamal tah budak H. Idris anu pang gedena (eh ketang duka
incuna duka budakna)  eta teh babaturan kuring keur di SMA malahan mah
ngaranna oge ampir sarua jeung sim kuring nyaeta WAWAN anu pangadegan nana
teh pendek malahan mah sok dihareureuyan mun silaing nyupiran beus merdeka
pasti bae upirna moal kaciri alias ngalelep. Tah cik  mun kenal tur
panggih titip salam ka  anjeunna sebutkeun bae Gunawan ti Gudang Jero
kitu.
Atuh oge baheula keur jaman SMP boga babaturan anakna tukang kurupuk anu
harita mah kasohor (aduh hilap deui ngaran pabrikna anu sok nempel dina
blek kurupuk ) ngaranna teh KUSDIA tah ari pangadegannana sabalikna ti
WAWAN merdeka nyaeta jangkung leutik.
Cikan mang MJ kenal henteu.


mj

http://geocities.com/mangjamal








------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Something is new at Yahoo! Groups.  Check out the enhanced email design.
http://us.click.yahoo.com/SISQkA/gOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke