"Tangkorak sia" (saenyana mah "tangkurak sia"), asalna tina "tangkurak" (Inonesia: tengkorak) jeung "sia" (=anjeun dina wanda kasar). Sarua lah jeung "palé lu...!" keur urang Batawi atawa "ndas mu...!" ceuk urang wétan. Kecap "palé lu" cenah mah lengkepna teh "palé lu menyan" tapi lengkepna pisan mah "palé lu bau menyan". Duka tah "ndas mu" mah. Tapi di Bandung mah aya ogé "péhul", singgetan tina "péot hulu...!".
Biasa lah, éta ogé kuring téh dumasar kana élmu sugan jeung meureun téa...
"Haram jadah" tos dijelaskeun ku Kang ManAR. Ngan aya vérsi lain, cenah mah "haram jadah" téh hartina "hareudang". Kieu geura dongéngna. Hiji beurang nu panas rada éréng-éréngan, dina angkot jurusan ciroyom-tegallega hiji lalaki muka kancing t-shirt-na bari ngomong, "haram jadah", terus ngiplik-ngiplik koran kana dadana. Gigireunana, lalaki bulé anu kakara bisa 1-2 kecap Bahasa Indonésia, némpas, "Iya, saya juga haram jadah", bari tuluy nurutan muka dua kancing luhur kaméjana jeung ngiplik-ngiplik koran.
AJ
Gunawan Yusuf <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya punten lami tara posting, ieu mah tambah iseng
keur nundutan, bade naros sugan aya nu terang
asal-usul kecap di handap ieu :
haram jadah = ...
bangkawarah = ........
tangkorak sia = .........
tah ka baraya nu terang asal usul kecap di luhur tiasa
pangwalerkeun....
nuhun
_____________________ _________ _________ _________ __
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Talk is cheap. Use Yahoo! Messenger to make PC-to-Phone calls. Great rates starting at 1¢/min. __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

