Ceu Roro,
 
Tuh ceu sakitu seueurna atuh...anu mikanyaah teh, pilih hiji anu pangna! Tapi omat ulah anu pang "Ari Wibowo"na...tapi meureun anu pang dipikaresepna jeung pangmikanyaahna ka euceu! Ditoong ku abdi anu seja mikanyaah  ka euceu diluhur boga hiji kaleuwihan ti Ari Wibowo...bisa ngobrol basa sunda! Edun pisan ceu! Engke euceu bisa surat-suratan nganggo basa sunda...kecap-kecap engkang jeung enung bakal murudul...sono jeung bogoh pabalatak komo kalimah buah ati kembang soca tilam panineungan beurang peuting geus pasti moal kakurangan! Engke bisa dikempelkeun jeung dijieun buku nyaingan buku kumpulan surat cinta pangaran Sunda...Hebring pan!
 
Aeh, Kang Brad…damang Kang? Nuhun ari damang mah… (ih, naros kunyalira, ngajawab kunyalira…ah, wios da nuju usum ayeunamah…) Leres Kang, kahoyongnamah ka US meh tiasa ngobrol. Ah, wios atuh teu ka Kang Ari ge da aya gentosna, Jason Tejakusumah…urang Sunda eta ge pan? (ih, ni ku keukeuh hoyong ka blasteran) Hihih… heureuy ketang!
Mangga, teu sawios bilih aya baraya US nu tos lebet kanu pincukan ti Pangeran, kanggo abdi mah ngiringan…(go public yeuuhh...heheh). Aya syaratna Kang, nu 5 R tea, Bener, Cageur, Bageur, Pinter, Singer asal tong nu kablinger wee...Pipilih meunang nu leuwih, koceplak meunang nu kasep heheh….
 
Sami we ceu...aya pameget nu wani betus jeung aya pameget nu wani betem! Dua-duana oge wanian ceuk abdi mah....pameget nu wani betus wani nyanghareupan wiwirang mun ditolak, dibalieurkeun unggal panggih!. Pameget nu wani betem wanian nalikung gerentes suci tur endah (rada didramatisir yeuh!) hate sorangan...miara profesi "pengagum" saja lah jeung embung ngaronjatkeun babasan "geus bungah ninggali imahna dikajauhan oge!" Sigana cua soteh ceu mun diijaban ti heula ku istri nu lain dipikabogoh ku hiji pamegetna we...da lamun ku nu dipikahayangna mah...abong mun teu saumur-umur nulak cangkeng dina taktak tah!
 
Walah, kutan kituw nya Kang? Sami pameget ge manusa…geuning…sieun ditampik…
 
Cep Dudi mah atuda matak hookeun ceu...kurang kumaha neng Valerina lenjangna atawa Sandrina kumaha teu pinter kitu, malah dibikeun ka batur? Heran sayah oge...dian krishna, santa dela pan rancunit kitu! Alungkeun atuh kadieu teu kaanggo mah...hehe
 
Leres, Cep Ndud mah kalahka dipasihkeun ka batur…tapi, tenang Cep di Kusnet ge seueur… tuh aya Neng Dini, Neng Miaw, Neng Iva…kantun milih…heheh…diplilih…dipilih… dipilih…
 
Cing sabar we ceu, keun weh henteu ayeuna sugan isukan atuh...henteu bujanganana atuh dudana....rerencangan abdi oge upami diheureuyan teh reka ngadagoan randana bae euy! "Tong boboraah randana, mayitna ku aing dibeuli!" ceuk maneh na teh...anyir abot pisan cekeng teh! hehe
Sae ceu...ari keur ngupahan jeung ngabeberah hate mah, tapi muji eta ku motekarna...rancage pisan! Mudah-mudahan we kabeberah...tapi ulah nambihan gudawang hate! Bagja pisan nya sigana Ari mun terangeun usaha ceuceu siga kitu! Kayungyun pisan!
Teu kitu ceu...jeung ulah nalipak maneh, hese!... leuheung piit ngeundeuk ngeundeuk keusik sakeprul mah mik sen... usum mengbal bal...bal we sepak teh! Komo mun gelas atawa tetenong mitoha mah ulah pisan ditalipak teh, omat pisan nya da geulis!
 
Nuhun pisan Kang Brad, wejanganana meuni nyerep kana manah. Pujianana…meuni ngaageungan pangambung teh, untung teu ngapung da aya lalangit…heheh. Ih, abdi mah alim pami Kang Ari tos janten mayit mah…baroraah bogoh, sieun we nu aya…hiiii….
Ih, ari teu dibeberah kunyalira mah ku saha deui atuh? Da sagala rupi ge uih deui ka diri nyalira…ari haben we diemutan mah, leres saur Kang Ndoel, bilh teu damang….. Namina ge Ikhtiar Kang…timana we milik mah sanes? Teu jalmina ngabelegedeg atuh gambarna dioprex… :)
 
 
baktos,
 
brad
 
*) nu ngiring prihatin ka ceu Roro sakaligus muji ku motekarna..dina rarangka meupeurih diri sorangan eh...punten lepat dina rarangka "NGANTENGKEUN DURIAT NU SUCI BERSIH KA ARI WIBOWO"! Punten heureuy...heureuy ceu!
Nuhun kang....heheh...wios heureuy ge da haratis!
**) aduh cangkir kana tarang euy! Bade ditambihan Kang? Sok atuh....!
 
 
Duh! meuni ngalenyap Kang Morse...sugan the nya Kang Ari ...boro we atoohhhh...  :(
 
>>> [EMAIL PROTECTED] 06/27/06 05:56PM >>>
 
duh ceu Roro(m)beheun..aya neon?
nyarioskeun wae kaula...hue..he...he..
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke