Dina jandela mata Asa aya nu ngajentul Ngalangkang ngahalang panenjo Sidik ieu mah lain fatamorgana Da ayana saban tas sare Diberegeun kagigir Ngumpul dijuru panon Dikobet ku ramo Cleng ngacleng kana akuarium Celebek disantok ku lohan Camuil camuil kawas nu ni'mat
Dina panto pangambung Asa aya nu ngajentul Matak eungap lamun ngarenghap Dikobet ku ramo Pelentung mumbul kaluhur Terus nyirorot kahandap Clom kana akuarium Seot disantok ku lohan Aneh teu jadi diteureuy Kalahka bibirigidigan Bari jejebris terus nyarita "jadol sugan teh nu kawas tadi!" sr ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Groups gets a make over. See the new email design. http://us.click.yahoo.com/XISQkA/lOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

