|
Leres
pisan.... sae lah kanggo kang Waluya, merhatoskeun serelek - serelek ti kang
Waluya teh
sok
seueur wae pulunganeunnana.... upami dina dai mah Aa Gym tea.... Saur pun bojo
tea mah
bahasana teu luhur - luhur....janten gampil ditarima ku akal. Tah kitu
oge kang Waluya... seratana
teh
teu ngaguar Qur'an/Hadits...tapi upami di titenan naon anu diserat teh sapagodos
sareng Qur'an/hadits
Nuhun
Bah ah.... (atanapi uwa yeuh.... raosna disauran na? heheh kumplit akang, abah,
uwa)
Baktos,
Eddy
H
Sae...seueur pulunganeunana keur abdi, Bah!
Eh...kumaha damang? Mugia langkung barokah!
baktos,
brad
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
Poe Minggu
kamari, kuring paciweuh, ngadak-ngadak cai ti sumur di imah henteu
kaluar, padahal kompa cai kakara meunang menerkeun dua minggu katukang.
Paciweuh da di kompleks perumahan teh acan asup cai ledeng (atawa
moal?). Lamun cai ti sumur teu kaluar, kudu meuli ka "tukang cai".
Hargana kacida mahalna, sakibik bisa keuna 30-40 rewuna, padahal sakibik
teh ukur kapake sapoe atawa dua poe.
Sumur di imah teh, sumur bor,
tapi lain sumur bor anu dijieun ku mesin bor, tapi ku tanaga jelema,
biasa disebut "sumur pantek" atawa "sumur gejlug" da ngeborna
digejlug-gejlug. Tah nu nyieun sumur di imah teh aranna Kang Endut jeung
baturna, baheula 6 taun katukang. Kulantaran manehna baheula nu nyieun
sumur, ku kuring teh digeroan, da imahna teu pati jauh, ngan beda RW
wungkul.
Kang Endut datang ka Imah poe senenna, isuk-isuk pas kuring
rek ngantor. Rada kaget oge,asa geus kolot pisan ayeuna mah Kang Endut
teh. Kuring jarang papanggih saprakna kuring pindah imah ka imah anu
dicicingan ayeuna. Manehna langsung mariksa kompa bari ditunyu-tanya ku
kuring. Horeng pamajikanna teh geus maot, manehna ayeuna duda. Ceuk
Kang Endut kompa mah teu nanaon, ngan sumur kudu dikuras, dibersihkeun.
Ceuk kuring teh : "Sabaraha atuh ari nguras? sangsara yeuh abdi teu aya
cai"
Manehna ngahuleng sakeudeung, terus ngajawab: "300 rewu,
Pa!" Ngagebeg oge, geuning mahal, ngan da perlu cai, jeung deuih aya rasa
karunya nempo waruga kang Endut, kuring teu nawar deui, "Enya sok atuh,
iraha tiasa didamelkeun?"
"Ayeuna oge tiasa, abdi milarian batur
heula, keur ngangkat pipana"
Sanggeus janji jeung kang Endut, kuring
jeung pamajikan mangkat ka kantor, ngan memehna pamajikan pesen ka Si
Cicih, pembantu di Imah, bere dahar beurang nu digarawe teh.
Jam
5 sore kuring jeung pamajikan balik, nyampak teh geus beres, malah geus
rarapih deui. Kang Endut keur cindekul nungguan kuring. Langsung
dibayar, kaciri paromanna marahmay waktu narima duit teh. Pamajikan
nanya ka Si Cicih, dibere dahar nu digarawe? Ceuk si Cicih teh,
"Dipasihan, ngan Kang Endut mah teu tuang, da cenah nuju puasa"
Atuh
pamajikan teh ngagerewek ka Kang Endut anu geus ngaleos kaluar rek
mulang:" Kang Endut muasaan naon atuh, hayang boga pamajikan deui?
sakitu digawe beurat make puasa sagala?"
"Puguh abdi teh kamari
nuju bingung, budak nu bungsu nu sakola di SMA, geus opat bulan teu
mayar SPP, dua ratus rewueun. Ku sakolana diancam rek diskor, lamun teu
mayar wae. Ari abdi keur teu gaduh saperak-perak acan"
"Kutan
kitu?", ceuk kuring nu ngilu ngareungeu.
"Sumuhun, nya abdi teh
kamari ti isuk keneh kukurilingan di di kompleks perumahan, maksad teh
rek nambut artos kanu wawuh di perumahan. Ngan asa-asa, ukur ngarandeg
we dina unggal panto pager sakur nu wawuh. Malah dipayuneun bumi bapa
mah rada lami abdi ngajanteng teh, aya sapuluh menitna, pencet bell
entong, pencet bell entong. Teu purun, asa ararisin. Ah rek puasa we
Senenna, sugan we ku puasa mah, dipasihan rejeki tinu Kawasa"
Pamajikan mairan:" Atuh dikabulkeun ari kitu mah puasa kang Endut
teh, aya rejeki tah, keur mayar SPP budak!"
"Leres Bu, ngan abdi
teh jadi hemeng ieu teh, kari-kari kamari abdi ngajanteng dipayuneun
bumi ibu salila-lila, maksad nambut artos, ngan teu purun, sumur Ibu
jadi teu ngocor caina. Aya hubunganana kitu?. Da abdi mah teu ngado'a
supados sumur ibu teu ngocor caina"
"Hih ari Kang Endut bet mikir teh
kamana-mana, eta mah rejeki, atuh kuring oge sugema sumur bisa ngocor
deui caina", Ceuk kuring teh bari nyerengeh. Tapi waktu balik Kang
Endut, kuring rumpu-rampa kana saku tukang, inget kana eusi dompet. Alah
....siah, duit tinggal saeutik deui, mangkaning ka tanggal hiji aya
saminggu deui
.....hehehehehe
BAktos, WALUYA
------------------------
Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> See what's inside the
new Yahoo! Groups
email. http://us.click.yahoo.com/2pRQfA/bOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda -->
http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To
visit your group on the web, go
to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To
unsubscribe from this group, send an email
to: [EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of
Yahoo! Groups is subject
to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
Do you Yahoo!? Next-gen email? Have it all with the all-new
Yahoo! Mail Beta.
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
__,_._,___
IMPORTANT NOTICE:
The information in this email (and any attachments) is confidential.
If you are not the intended recipient, you must not use or disseminate the information.
If you have received this email in error, please immediately notify me by "Reply" command
and permanently delete the original and any copies or printouts thereof.
Although this email and any attachments are believed to be free of any virus or
other defect that might affect any computer system into which it is received and opened,
it is the responsibility of the recipient to ensure that it is virus free and no responsibility
is accepted by American International Group, Inc. or its subsidiaries or affiliates either
jointly or severally, for any loss or damage arising in any way from its use.
|