Assalaamu'alaykum!

Baraya, sakumaha anu tos diiberkeun ku Téh Iva minggu kamari, alhamdulillaah nu dianti2 téh geus gelar kalawan salamet. Poé senén isuk2 ping 19 pun bojo lebet rumah sakit, da geus karasa mules & aya plék getih, tapi ari brolna mah ninggang poé salasa, meneran tabuh 00.24. Teu kudu dicaritakeun eusi haté ti mimiti nungguan nepi ka borojolna mah, da pasti baraya gé tos aruninga (nu acan mah wayahna baé, teu kudu dibayang2 sagala...). Simkuring ngahaturkeun réwu nuhun kana pangdeudeul du'a ti  sadaya, pun bojo & pun anak séhat teu kirang nanaon. Pun anak téh pas borojol beuratna 3,3 kilo, panjangna 52 sénti. Tina hasil badami, nya budak téh dibéré ngaran rada panjang: Muhamad Bagjabinékas Adnan (nénéhna mah Bagja).

Ka anu tos ngadeudeul sumanget ngalangkungan sms, nelepon, sumping ngalongok, atanapi nu rerencepan ngiring deudeul du'a, sakali deui hatur nuhun.

Kanggo Kang Yaya & Kang Tirta, simkuring ngahaturkeun béla sungkawa, mugia anu ngantunkeun dicaangkeun di alam kuburna, ditampi iman islamna, sarta dihapunten sagala kalepatanana.

Ka teh Dini Harmita, wilujeng milangkala.

Ka para anggota anyar, bagéa wilujeng sumping.

--
sikandar
kumincir.blogspot.com
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke