Heureuy ah...

SALAH SANGKA

Kareta Api barang nyemprung ti wetan ka kulonkeun.
Kabeneran disisi rel nu deukeut ka station aya tukang lotek keur ngebut-ngebut elap beureum na sabab
dagangannana geus beak kari samarana wungkul.
Ningali di hareup aya nu ngebut-ngebut lamak beureum, masinis ngerem kareta api da disangkana aya Bbahaya.
Terus nolol tina kaca jandela bari nanya ka tukang lotek: "Aya naon, Bi?"
"Teu aya nanaon, mung kantun samarana wungkul!"

BEO PINTER
Tukang beo: Mangga bilih bade digaleuh. Ieu mah tos capetang nyaritana.
Upami kubapa dibetot suku kencana, ieu beo bakalnyarita, "Wilujeng enjing, Pa!"
Upami kubapa dibetot suku katuhuna, nyaritana beda deui, "Wilujengsonten, Pa!"
Mangga saha anu bade ngagaleuh!
Nu rek Meuli: Upami sukuna di betot duanana, kumaha?
Beo anu ti tatadi ngadengekeun ujug-ujug pok
nyarita: Atuh rag-rag uingna, goblog!

GELO
Sabada dibejaan aya pasen rumah sakit jiwa nu kabur.
Satpam geuwat indit neangan. Jog manehna ka hiji imah nu teu jauh ti eta rumah sakit.
Satpam nanya ka hiji lalaki. "Pa, tadi aya nu ngalangkungka dieu?" "Kumaha jalmina?" "Awakna pendek, begang,
beurat na kira-kira 200 kg!" "Har? Piraku jalmi begang tepi ka 200 kg?"
"Hih ari Bapa. Kapan jalma gelo manehna teh!"

MIHAPE KUDA
Kusir: "Jang, mihape kuda sakeudeung. Emang rek ka cai heula."
Budak: "Ah alim, sieun nyongot."
Kusir: "Moal, da ieu mah kudana oge bageur."
Budak: "Sieun nyepak atuh."
Kusir: "Tara deuih. Kuda bageur."
Budak: "Moal ah, sieun kabur."
Kusir: "Ih, Si Ujang mah. Moal kabur, moal. Ceuk Emang oge, kuda bageur."
Budak: "Ari kitu mah, naha atuh miwarang di tungguan ku abdi?"

JURKAM PIDATO

Ngarana oge kampanye, pidato teh kudu bari sumanget.
Kawas harita wae, waktu Bapa Jurkam keur daria naker pidato bari pepeta.
"Urang wajib ngarojong pangwangunan. Hasil pangwangunan ku urang geus karasa.
Jalan leucir, listrik parat ka padesaan, kitu deui pabrik dug-deg di mamana; kayaning pabrik mobil,
pabrik sapatu, pabrik keretas, jeung pabrik tektil...
"Pak, kirang es," ceuk asistenna, ngaharewos.
Maksudna, lain tektil tapi tekstil.
"Oh enya," ceuk Bapa Jurkam, "jeung pabrik es deuih!"

SALAH NGADAHAR UBAR
Aya hiji dokter asli orang Jawa, dines na teh di tanah sunda.
Puguh weh saban poe pasien nu datang oge lolobana urang Sunda,
kapaksa we kudu bisa basa sunda, maklum di kampung.
Hiji waktu aya pasien nu keur diubar.
Pasien: "Kumaha aturan dahar na ieu ubar teh dok?"
Dokter: "Tah ieu, anjing-anjing siji, beurit siji, sesana jeger isuk na."
Atuh puguh weh eta pasien teh bener-bener jeger isuk na da salah ngadahar ubar.


Surat Ti Nini
Aya nini-nini indit ka kantor pos rek ngirim surat ka incuna, kulantaran bingung Si Nini ngadeukeutan salah sahiji loket.
Patugas : Aya nu tiasa di bantos Ni?
Nini : Aya Cep, Nini rek ngirim serat ka incu nini, naha di dieu aya parangkona?
Patugas : Aya atuh Ni piraku di kantor pos teu aya parangko, Teras naon deui?
Nini : Punten we atuh sakalian pangnuliskeun alamatna dina amplop!
Patugas : Mangga Ni ku abdi dipangnyeratkeun, aya deui?
Nini : Aya Cep, cing pangnuliskeun suratna sakalian!
Terus we petugas teh nulis surat nu sakitu panjangna di dikte ku Si Nini.
Geus anggeus nya dibikeun ka Si Nini supaya di aos heula.
Patugas : Mangga di aos heula Ni!
Nini : Punteun Cep tambahan saeutik deui dihandapna,
N.B. Incu hampura Nini upama tulisanana butut!
Patugas : Eh, ari si Nini ....!


Geus Cageur
Aki : Geus dibejakeun ka Ustad, yen Aki geus cageur?
Incu : Atos Ki!
Aki : Kumaha ngabejakeunana ?
Incu : Pa Ustad, tahlilan teh teu cios...


Sibuk
Dupi Bapa na aya kitu ? ceuk sora dina telepon.
Saurang budak anu narima eta telepon ngajawab bari haharewosan :
Aya, tapi nuju sibuk. Ari Ibu ? Sami, mamah ge nuju sibuk, ceuk budak bari angger ngaharewos.
Saha deui atuh anu aya didinya ?
Aya, teteh, pedah sami deuih nuju sibuk; angger ngaharewos.
Anu nelepon panasaraneun,
Naha nuju saribuk naon atuh neng ?
Ih, apanan nuju ameng ucing sumput sareng Neneng

Manuk
Sabaraha mang manuk ieu hargana ? ceuk saurang lalaki ka tukang manuk.
Tah anu keur nyanyi mah hargana sajuta. Lamun itu tuh anu cicing bae,
eta mah dua juta, bari nunjuk manuk anu ngahiul bae dina kurung.
Har,
naha bet mahal keneh anu cicing bae geuning Mang ? His, pan eta anu nyiptakeun laguna...!!


Dokter jeung ibu-ibu
Sanes Dok, naha ongkosna ayeuna mah janten 100 rebu geuning,
biasana mah apanan mung 25 rebu?
ceuk saurang ibu-ibu tina telepon ka saurang dokter gigi langganan anakna.
Leres pisan Bu. Margi tuang putra waktos diparios  jejeritan tarik pisan,
dugikeun ka 3 urang calon pasen abdi kalabur, walon Dokter gigi kalem


Dokter jeung Aki-aki
Kaserang rematik jigana mah Ki, sampean Aki anu kenca teh, ceuk saurang dokter ka saurang pasena anu geus aki-aki.
Rematik teh panyakit nanahaon atuh Dok ? ceuk si Aki malik nanya.
Rematik teh salah sahiji panyakit anu nyerang sendi, Ki. Ari anu ngalantaranakeunana tiasa bae kumargi Akitos sepuh....
Si Aki gancang motong omongan dokter, Ah ulah sok ngabobodo kitu, abong kena ka aki-aki. Geuning suku aki anu
katuhu teu karasa nyeri, padahal umurna mah apanan sarua jeung nu kenca?


Pejuang
Mamah, Neneng tadi papendak sareng pejuang. Ngagandong bambu runcing
mani ageung, ceuk saurang budak ka indungna.
Ka Neneng naros? ceuk indungna.
Muhun. Saurna teh, Neng.... bade meser lahang?

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke