bah brad,
 
judul bukuna mah: korupsi dan kebudayaan, kempelan karangan mang ajip. beu geuning kabadug, punten atuh ah. enyaan da niat :)
 
yu ah,
 
dh
On 6/29/06, brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Bener...kuring geus maca eta seratan jeung aya dina bukuna naonnya..hilap deui!
Ceuk kuring mah, teu perelu tepang langsung, bisa neuteup jirimna atawa tatanya kanu geus tepung lah keur wawuh ka hiji jelema mah! Komo mun jelemana geus euweuh dikieuna jeung geus lila deuih...ratusan taun. Nya meureun salah sahijina bener eta tatanya (teu kudu kanu geus amprok) atawa maca buku-buku anu medar ngeunaan dirina.
Keur kuring mah leuwih ti cukup ku maca buku kagungan (Alm) mang Ayat, mang  Edi, sareng Mang Saleh oge! Rarasaan teh asa sarua carana mun kuring hayang tepung jeung kang Dudi atawa jeung mang Jamal anu masih keneh kumelendang di alam ieu. Naha bisa kitu tepung jeung nu geus maot ratusan taun lilana? Saminya sareng natamu ka presiden, ka prabu siliwangi teh pedah raja oge? Lain siliwangi teh gelar oge? Kumaha mun presidenna "Jang Mulja Pemimpin Besar Revolusi", aya keneh aspina kitu? Rada leuheung yeuh anu panungtung mah teu beda jauh ngantunkeunana.
 
Ngeunaan Prabu Siliwangi, kuring mah narima jeung percaya seratan Mang Ayat sareng mang Edi upami teu lepat ngeceskeun yen nu ngagem gelar prabu Siliwangi teh aya duaan ti nagara Galuh sareng ti nagara Sunda (turunan Galuh) sareng asup akal deuih alesanana keur "tingkat" jeung "kapasitas" uteuk kuring.  

Keur kuring mah deuih sanajan karuhun urang teu resep tulas-tulis oge tetep we moal ngurangan reueusna. Meureun we da beda jamanna atawa naha da teu sakabeh jelema gede jeung kakoncara nu lain karuhun urang oge teu kabeh resep nuliskeun ngeunaan pancakakina komo deu prestasina....alah kongkorongok wungkul pan komo nu ayeuna mah. Lolobana pan lain manehna sorangan tapi jelema lain, turunanana, anu mikaresepna jeung anu mikangewana.
 
Safuk euy lah era...heg teh engke ditanya naha cenah batu tulis make dibongkar, naha cenah kabuyutan eta dijadikeun lapangan golf atawa naha cenah urang jakarta sok nyebut banjir kiriman mun ka keueum ku ciliwung da jaman aing henteu, naha cenah cihandaruan make diganti ngaranna jadi doyan mas atawa kalapa jadi batavia jeung sarewu naha deui.
 
 
 
baktos,
 
brad  
 

.




--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke