KOPI SUSU jeung RASISME
Nepi ka taun 1990 nalika Jerman jadi jawara nu katilu-kalina dina pentas Piala Dunya, teu aya nu nyangka yen dina hiji mangsa nagara ieu bakal miboga atawa ngarekrut pamaen kulit hideung. Tos kauninga ti anggangna ari bangsa Jerman mah ngajungjung pisan kana ras bangsana, yakne ras Aria, jeung sok teu pati mandang ka bangsa sejen mah, komo deui ka bangsa kulit hideung.
Sarengsena Piala Dunya 1998 di Perancis nu gagal total, Jerman ahirna ngawitan ngareret ka pamaen kulit hideung pikeun nyiapkeun pasukan keur Piala Dunya 2002. Harita nu dipanggil
teh Gerald Asamoah, pamaen katurunan Ghana. Tapi pamanggilan ieu nimbulkeun reaksi nu teu hade, utamana ti golongan jalma-jalma nu masih keneh miboga pandangan nu ngabeda-bedakeun ras. Bundestrainer harita, Rudi Voeller, mikukuh Asamoah kedah lebet kana skuad-na. Antukna Asamoah laksana ngabelaan Jerman di Piala Dunya 2002, sanajan mung jadi cadangan oge.
Di Piala Dunya 2006 ieu, barisan pasukan Jerman nu kulit hideung henteu wae Asamoah wungkul, tapi oge tos ditambihan ku David Odonkor nu ayeuna maen di Borussia Dortmund, Jerman. Ayana pamaen-pamaen keling ieu, ngajadikeun tim Panser Jerman tos kalebet pasukan "kopi susu", nyaeta tim-tim nu tos ngadu-maniskeun antara pamaen bule jeung pamaen hideung. Sanajan "cikopi" nu aya di tim Panser masih keneh kurang ti sapuluh persen (kakara babaraha keclak), hal ieu nunjukkeun
Jerman oge tos ngaku kana ayana Pluralisme (widang mengbal).
Kaayaan nu meh sarua, dilakonan ku tim Spanyol. Di tim Matador ieu aya pamaen keling hiji-hijina nomer tonggong 16, Marcos Senna, nu maen di kleub Villarreal, Spanyol. Upami disidik-sidik, saleresna Spanyol teh hiji nagara nu pangseringna dilaporkeun ayana kasus rasisme, utamana ku panongton mengbal nu ditujukeun ka Samuel Eto'o, pamaen kleub Barcelona nu asalna ti Kamerun.
Kitu oge kuncen (palatih) tim Spanyol ayeuna, Luis Aragones, kungsi ngaluarkeun komentar nu bau-bau rasisme ka panyerang Perancis, Thierry Henry. Karuhan wae komentar ieu sumebar pisan di media massa Inggris. Nu balukarna Aragones dihukum dengda ku Federasi Mengbal Spanyol saageung 3.610 dolar Amerika atawa 34 yuta
rupia. Hiji sangsi nu ku sabagean kalangan dianggap enteng teuing (Kompas, 27/6).
Benten deui jeung Perancis, nagara Eropah nu ngagaduhan pasukan "kopi susu" nu langkung dominan si kelingna tibatan bule-na. Skuad intina oge aya tujuh dugi ka dalapan pamaenna nu hideung. Katingalna di tim ieu mah tos teu dibedakeun deui antara hideung jeung bule, nu penting mah tiasa toh-tohan pikeun ngabelaan nagarana.
Kondisi tim Perancis nu siga kieu, henteu kahontal dina waktu anu sakolebat. Perelu proses nu lumayan lami sangkan kahadiran pamaen-pamaen hideung ditarima ku halayak rame. Kantos taun 1998, mangsa Piala Dunya digelar di Perancis, aya komentar ti salah sahiji inohong Perancis, Jean Marie Le Pen --politisi ti partei front nasional nu gaduh
haluan katuhu pisan (ultra kanan)-- nu nyebutkeun para pamaen hideung tim hayam jago ngabaretem wungkul alias teu cacalangapan nalika lagu kebangsaan dinyanyikeun. Tapi ahirna komentar-komentar nu siga kitu kahapus nepi ka sirnana, kusabab tim Hayam Jago harita jadi jawara pangpunjulna sanggeus ngalumpuhkeun Brasil di partei pinal.
Kataji ku parobihan nu aya di tim Walanda. Kiwari mah "cikopi"na ngaheureutan pisan. Biasana tim Oranye ieu sok meh pinuh ku pamaen nu asalna ti Suriname, saperti Edgar Davis jeung Seedorf nu tos dianggap liwat masa emasna jadi teu kapanggil.
Salah sahiji pamaen nu masihan kelir ka pasukan van Basten, nyaeta Giovanni van Bronckhorst, nu maen di kleub Barcelona, Spanyol. Giovanni ngaku yen para sepuhna kawitna ti
Indonesia. Ras we emut ka mas Brongkos, pagawe Pemda Kabupaten nu asalna ti wetan (Jawa Tengah). Duka tah aya hubungan naon Brongkos di dieu jeung van Bronckhorst di Walanda?
* * *
Seueurna pasukan kopi susu nu tandang makalangan di Piala Dunya 2006 ieu, nunjukkeun Pluralisme jeung Multikulturalisme tos jadi hal nu ditarima di widang mengbal, sok sanajan memang masih aya keneh kasus rasisme nu meledug di babaraha tempat. Kacatet aya 14 nagara nu pasukanana tos kaetang pasukan
kopi susu, kalebet oge Jepang, nu miboga Alex, nomer tonggong 14, kalahiran Brasil.
Tapi hal ieu ku FIFA (Federasi mengbal sa-alam dunya) dianggap can cukup. Disagedengeun Fair Play nu tos dogembar-gemborkeun, FIFA oge nuju ngampanyekeun perang ngalawan rasisme. Spanduk atawa bendera nu tulisanna "SAY NO TO RACISM" oge dibeberkeun samemeh adu-tanding Jerman jeung Argentina tadi wengi.
Ayana agenda perang ngalawan rasisme, oge ngareana pasukan kopi susu dina helaran Piala Dunya nu masih lumangsung ieu, mudah-mudahan sing tiasa naratas jalan kana kahirupan nu langkung harmonis.....
P.e.a.c.e.....ah!!!
Baktos,
hendra
Want to be your own boss? Learn how on Yahoo! Small Business. __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

