leres kang nu matak urang hese dina komunikasi sok diweuweulan ku 
rasa sieun basa lemes atawa kasar , da teu aya nu kasar mreunnya . 
Panginten ieu teh salahsawios beunghar na kecap basa sunda. 
--- In [email protected], "maman durahman" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> urang cobaan ngawalernya;
> 
> Nu mana basa sunda nu baik dan benar? Jawabna, numutkeun simkuring, 
kabeh
> oge benar ceuk penuturna. Basa sunda di cirebon bener ceuk urang 
cirebonna,
> basa sunda di banten bener ceuk urang bantena, jst. Tah kukita 
kuring
> miharep pisan ka urang priangan nu basa sunda alus saenamah ulah 
nganggap
> basa sunda di cirebon teh kasar. Da ceuk urang cirebona-mah geus 
bener.
> (soalna kuring sering pisan ngadangu kecap ieu. Kecap nu memponis 
yen basa
> sunda di sayah, di cirebon, kasar).
> 
> Basa sunda standar? Saleresnamah teu aya nu dingaranan basa sunda 
standar.
> Nah nu ayeuna diajarkeun di sakola-sakola etateh basa sunda standar 
sanes?
> Hm....siganamah kitu. Etateh keputusan pemerintahan jaman belanda 
nu sampe
> ka ayeuna diteruskeun ku pamarenatahan urang. Harita pamarentah 
walanda
> bingungeun basa sunda mana nu rek diajarkeun di sakola-sakola. 
Sanggeus
> mikir kaditu-kadieu ahirna diputuskeun basa sunda "Bandung" nu 
dijadikeun
> bahan ajaran di sakola-sakola di jawa barat.
> 
> Mun teu aya basa standar kumaha? Nya...meurun alusnamah ayakeun wae 
basa
> standar. Kepentinganana ngarah aya pemersatu antar dialek basa 
wewengkon.
> Jadi mun urang cirebon katimu jeung urang bandung basa sundana bisa
> nyambung.
> 
> Tos ah sakitu heula. Punten pang menerkeun bisi aya tulisan kuring 
anu
> salah.
> 
> 
> On 30/06/06, netta fahad <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >   Assalamualaikum wr.wb.
> > Langkung ti payun simkuring bade "perkenalan" heula ka sakumna
> > parawargi nu gabung di mailist kusnet ieu
> > Nepangkeun, wasta Simkuring Teguh, ari kawit mah pituin ti 
Sumedang, mung
> > ayeuna nuju nyuprih ilmi miluruh elmu di "Institut Tatanen Bogor",
> > Alhamdulillah tos Semester 8 ayeuna teh.
> > Nah, abdi kataji ku basa wewengkon....
> > Saatos abdi maca dongeng nu ngangge basa Wewengkon, abdi nembe 
uninga
> > yen Geuningan basa Sunda teh "beragam". Sapertos motto Negara 
Kesatuan
> > Republik Indonesia, "Keberagaman Harus Dipandang Sebagai Kekayaan 
bukan
> > Sebagai Pemecah-belah Persatuan dan Kesatuan ", Janten ayana Basa 
Wewengkon
> > teh mugia we tiasa Memperkaya "vocabulary" basa Sunda, sareng 
nandakeun
> > Kaluhungan Intelektual Urang Sunda nu Tiasa Nyiptakeun Basa nu 
Seueur.
> > Nanging, abdi aya hiji patarosan, Saleresna Basa Sunda Yang Baik 
dan Benar
> > nu mana?Basa Priangan Barat, Priangan Timur, Kuningan atanapi 
Banten??, Pan
> > ari Basa Indonesia mah aya Basa Indonesia Wanda "Ejaan Yang
> > Disempurnakan",Eta Wanda teh Wajib diangge Dina Acara - acara 
Resmi
> > Kenegaraan, Karya Ilmiah, sareng sajabana.
> > Abdi gaduh Pamadegan yen, saleresna mah Basa Sunda ge kedah aya 
Versi
> > "Ejaan Yang Disempurnakan"-nana, Supados Urang Terang Mana Basa 
Sunda nu
> > Leres sareng nu Lepat. Upami teu aya nu kitu, Abdi Inggis Basa 
Sunda beuki
> > dieu beuki "menyimpang", oge mempersulit hubungan komunikasi 
antar Urang
> > Sunda Nyalira. oge upami tiasa mah, Dongeng-dongeng dina basa 
Wewengkon nu
> > bade Disebarluaskeun Sa-tatar Pasundan, dialihbasakeun ka Basa 
Sunda nu
> > dipikahartos ku Mayoritas urang Sunda. Soalna, rada susah 
dimengerti oge
> > basa Wewengkon teh geuning, Sapertos maca dongeng kiriman milist, 
abdi kedah
> > maca sabar balikan bari ngartos.
> > NAh, sakieu wae ti abdi, Hapunten bilih aya kalepatan, boh dina 
Grammar-na
> > oge makna kata na.
> > Wassalam CAg Ah.....
> >
> >
> 
> 
> 
> -- 
> Wasalam,
> Durahman
>







------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
See what's inside the new Yahoo! Groups email.
http://us.click.yahoo.com/2pRQfA/bOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke