|
Kanggo aa Persib
Rumasa baheula kungsi kapengpeongan,kajamparing
ati kapentang panah asmara ku aa Persib. Tapi saprak aa Persib ingkar
tina kahayang hate, teu jadi kareueus deui malah sabalikna sok nyieun
wiwirang, rasa katresna anu baheula ngagunung sagede galunggung, lambat
laun jadi suwung. Padahal ti baheula, teu bosen bosen nyumangetan sangkan
tali katresna urang tetep nyangreud. Tapi buktina, beuki deui teh asa jauh
ti harepan. Kukituna tong ngananaha lamun abdi milarian deui tempat panumplekan
kadeudeuh salian ti aa Persib. Da bongan sorangan sok salah
dipikaheman. Sanajan enya cinta teh pinuh pengorbanan tapi ari
nepikeun ka ngorbankeun perasaan mah ke heulaanan.
Punten nya aa Persib, sanes abdi rayungan sumawona
bade midua hate, rumasa dina danget ieu nuju kabengbat ku hiji jajaka anu
tiasa nyumponan kahayang hate, matak reueus nu nempo, matak pogot nu nenjo,
raray indo, pangawakan jalugjug jangkung tur kuat daya gempurna, nya taya lian
aa Jerman tea. Baheula rumasa abdi sok ajrag ajragan poho kaera
nyumangetan aa Persib, tapi ayeuna ulah majar kumaha, ulah ngananaha, komo
nepikeun ka ngaheab panas, lamun abdi ceuceuleuweungan tur nepikeun ka
nyingsatkeun anderok, bakating ku reueus ka aa Jerman.
Aa Persib, waktu nu kaliwat urang jadikeun we
kenangan, da ayeuna mah abdi tos gaduh pangancikan hate. Ngan omat teu
kedah pondok harepan, da saupami aa Persib bisa ngarobah sikep, tiasa nyumponan
kahayang hate tur jadi kareueus sarerea, teu pamohalan duriat abdi anu baheula
kungsi ngagedur tiasa lelentaban deui. Sakali deui sanes abdi raja tega
luluasan megatkeun tali duriat, ieu mah etang etang masihan tanjakan ka aa
Persib, sugan wae mikir, pupuriheun atuh tiasa ngungkulan aa Jerman dina sagala
rupina. Najan kitu, abdi moal ngaleuleungit, kanyaah,kaheman aa Persib anu
baheula kungsi ditembrakeun ka abdi tetep ngancik dina hate. Aa Persib
wayahna ayeuna mah urang TTM-an wae nya, Temen Tapi Merana, da bongana
ari maen teh sok merana wae. Baktos abdi, Euis Gibol.
syam ridwan
Kabaraya anu teu mirasa kana seuri, ayeuna tos
medal landong nu mujarab nyaeta ramuan "Keom Sakedap" mangga toel MJ kanggo
nebus resepna atanapi kapayuna tiasa digaleuh di TB langganan
baraya.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] Kanggo aa Persib sr
- RE: [Urang Sunda] Kanggo aa Persib vs Euis GIBOL !! Yosep Hania
- Re: [Urang Sunda] Kanggo aa Persib-Duh Gusti! brad porenges
- [Urang Sunda] quiz: neangan putri mh
- RE: [Urang Sunda] quiz: neangan putri Yosep Hania

