Sabaraha lamun ngalanggan kang hargana ?
Wilujeng ku medalna majalah sampurasun nu aya dibogor.
Saha deui atuh nu ngamumule basa sunda lamun lain urang sunda mah.
Kahareup mah tambahan kang rubrik Informasi jeung tehnologi sugan eta oge kang.

Wassalam
@ERN


On 7/3/06, :: boedax angon :: <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> ngalalarkaeun majalah sampurasun
>
> Sampurasun ....
>
> Mun aya kecap sampurasun biasana sok diwaler ku
> rampes. Nang kecap sampurasun eta sok diangge mun
> urang papanggih boh jeung dulur atawa babaturan mun
> keur papanggih. Kecap sampurasun sorangan di hiji
> wewengkon aya nu ngandung hartos sampurana ning insun
> nu hartina sampurna na nu kagungan alam ieu, mun urang
> islam tea mah Assaalamualaikum wrwb. Tapi aya deui
> hartos sampurasun teh ceuk urang bogor tea mah sampura
> sun, baheula lain sampura. Tah aya deui mun kecap pun
> sok diwaler ku kecap sapun. Balik deui ka sampurasun,
> ieu kecap teh bakal dijieun majalah sunda hususon
> bogor. Nya ieu majalah sampurasun teh ceuk nu boga
> idena, basa manehna cicing di terminal bubulak bingung
> neangan ngaran keur majalah sunda ieu, teu lila
> manehna meunang ide make sampurasun. Ieu majalah
> sampurasun teh bakal dilalarkeunna ping 15 juli di
> gedung sipatahunan kota bogor, nya ari format na mah
> aya rubrik "bodor,opini, laporan pandangan mata" jeung
> sajabana. Jeun deui kandelna aya kana 40-60 kaca ,
> habeu / bangong (mun ceuk urang kasepuhan banten kidul
> tea mah) kandel jasa. Basa cacahan jeung kang dadang
> basa di Padepokan Giri Sunda Pura teh, ieu majalah
> medal na sabulan sakali, kusabab waragad tea,  jeung
> medal na 5000 exemplar. Jeung aya ku aneh jasa, basa
> "ngapromosikeun" ieu majalah ka sakola-sakola nu aya
> di bogor, nya "promosina" make basa sunda, aya guru
> sakola nu teu nyaho kecap medal habeu/bangong. Nya
> sanajan kitu oge urang ngarasa reueus lah aya hiji
> deui koran nu bakal nanjeurkeun deui sunda / punten
> lain sunda nusantara. Mun teu kuurang kusaha deui, mun
> teu ayeuna iraha deui ngamumule jeung mulasara
> titinggal kolot baheula (kampung dukuh)
>
> paralun
> beusi nyatur nakul galur
> beusi nyarita pasaliya seja
> beusi ngalalakon pacorok omong
> paralun
> (pantun bogor)
>
>
> Pun Yayan
> www.geocities.com/serentaunsindangbarang
> http://serentaunsbr.multiply.com
> www.geocities.com/jajaka_subang
>


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Check out the new improvements in Yahoo! Groups email.
http://us.click.yahoo.com/6pRQfA/fOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke