|
muhun kitu.. di lembur uing oge sami.. biaya nikah
ti KUA sok disambit sambit.. mahal ceunah.
padahal ari tos prak prakan na mah.. geuning ...
salembur ka ondang kabeh.. .
malihan mah orgen tunggal na oge
ti kota...(alim disebatkeun murah mah)
heuheu..punten ah ngacapruk..tos lapar.. bade lunch
heula jeung hulu peda urut kamari...
jeung STM ( sambel Tarasi Medok).
-nutospalayseuhah-
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, July 05, 2006 11:17
AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Nikah
Massal di Subang
Meureun urang kudu ngabedakeun antara kawin siri jeung kawin nu
teu lapor ka KUA. Dina kasus kawin masal model nu di Subang, biasana mah teu
ngadaptar ka KUA teh alatan masalah beaya. Soal statusna mah, dina hukum Islam
pan teu kudu aya surat kawin sagala. Saratna mah basajan, Ijab ti bapa/wali
awewe, kobul ti lalakina, ditambah ku saksi. Nu sejenna mah pan ukur sarat
administratif tartib salaku pangeusi nagara bae. Ari "kawin siri" nu mindeng
dibahas kiwari, mun teu salah mah ilaharna nujul ka kawin kontrak tea, nu
sarat agamana biasana mah teu cumpon alias tak terpenuhi
tea.
jk
On 05/07/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
Uluh? .... Hanjakal kuring henteu nonton. Tapi sae ketang, pan janten
gaduh surat kawin ti KUA. Tadina kumaha eta teh, kawin "siri" heula
kitu atawa kumaha?. Naros teh pedah we di jaman ayeuna mah, seueur
nu "kawin siri" tea, teu kudu ka KUA sagala
.....
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
__,_._,___
|