heuheuheu....ni ku hoyong seuri macana ge. Ceu, boa Kang Parman gentos acukna teh dina kapal nu nagog dipayuneun Lanud ning. Pas aya nu butuh bantuan, langsung lumpat kana kapal eta ngarobah acukna....heuheuheu Minggu payun mah moal ka tegallega lumpatna bade ka Lanud, sugan bae mendak rayi Kang Parman...hehehe
Neng Iva --- In [email protected], "Roro Rohmah" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Haturan baraya*punten nuju pakepux yeuh*tapi da angger hoyong we mairan, maos seratan Kang Yani yen urang teh meh lancar basa Sunda, kedah kutrat-kotret sakirangna sakali sadinten* > > Kang Yosep, he love panginten potona murag, abdi mendakanana di jarian heheh* > Muhun Neng Miaw*.urang teh teu kenging kaleleban teuing ku kasedih, nyeri ku pameget nyaa landongna ge ku pameget deui*heheh * (ih, dasar ieu mah! Punten ah, heureuy*) > > Neng Iva, resepnamah teu pira kedah rajin lumpat enjing2 unggal Minggu*jodo mah jorok dimana we mendakna, siga na dongeng ieu* > > Pendakna abdi sareng Kang Parman waktos nuju latihan lumpat di Lanud Sulaiman, anjeuna nuju latihan ngapung da ngiringan kana kleub FASI (Federasi Aero Sport Indonesia). Basa abdi nuju asyik lumpat, aya nu ngolebat bulao di luhureun mastaka*pas ditingali teh,"tring!" panon abdi sareng anjeuna teh paadu. Anjeuna neuteup meuni anteb. Dipelong kitu, abdi teras we tungkul*isin campur atoh. Pas ningali deui ka luhur*anjeuna bade hiber, tapi teu he love imut heula bari metakeun jurus,"Kiceup Akang"* > > Salse lumpat, sakumaha biasa abdi teras ka pasar balanja kanggo dinten eta. Jol ka tukang lauk jaer, kaayaan meuni rarujit da aya kulah paragi lauk nu caina leber kamana-mendi. Teu disangka- sangka*soledat! Ampir we ngagebru!*Kolebat! aya nu ngolebat bulao tea! Langsung nangkeup abdi, teras dicandak ngapung! > Kaleresan aya Kang Eddy sareng bojona nuju balanja deuih*.kaleresan deui (ih, meuni seueurnya "kaleresan" teh*abong dongeng) nyandak alat poto. Rikat ku Kang Eddy langsung dipoto, "Jepret!" tuhhhh*tos aya langsung na pail nangkod pan?! Hatur nuhun Kang Eddy*. > > Jrut abdi & Kang Parman lungsur di tempat nu rada tiiseun*Meuni asa teu pararuguh manah, da ditulungan kunu kasep tur gandang tea* > Kang Parman: "Neng, teu kunanaon?"* > Abdi : "Alhamdulillah, henteu Kang..." > Sor, anjeuna ngasongkeun panangan bari nyarios,"Nepangkeun Suparman, nenehna Parman". Ku abdi ditampi kalayan kabingahan*teras naros,"Ke..ke*Akang nuju naon di pasar? Sanes nuju latihan ngapung?" > "Oh, latihan ngapung mah tos beres Neng*biasa we lah dinten Minggu teh sok resep tenga-tengo ka pasar" Saur Kang Parman bari imut. > "Ari Akang tadi di palihmana, ujug-ujug terang abdi bade geubis?" > "Ehhh*ari Eneng..pan Akang teh rada palih kuloneun Eneng, nuju meser peda di tukang lauk asin" > Abdi ngahuleng*."Teu nyangka, jajaka kasep kieu meuni kayungyun, kabeukina peda*" > > Tah, margi disebat jorok teh, pan pendakna ge di tukang lauk nu kaayaanana rarujit* > Punten ah, ngacaprux*heheh. > > Teh Wida, duh hapunten pisan samudaya kalepatan, pami Teh Nenden teu nyarios kenal sareng "si borokokok", abdi mah teu terang *Manawi teh bobodoan dikantunkeun ku kabogoh, boro we ku abdi dijantenkeun bobodoran. Innalillahi*ngiring prihatin*mugia Teh Wida sing enggal ditepangkeun sareng gentosna nu langkung sae, Alloh mah langkung uninga* > > Ro2. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Great things are happening at Yahoo! Groups. See the new email design. http://us.click.yahoo.com/TISQkA/hOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

