judul film: downfall
 
carita ngeunaan mangsa2 pamungkas lalakon Adolf Hitler, di bunkerna. jadi setting film kalolobana di jero bunker atawa rohangan handapeun taneuh. di film eta, judul basa jermanna, der untergang,  hitler kaciri geus kolot, cape oge leungeuna siga ngadegdeg terus, pangpangna nu kenca. tapi angger sok aya ambekna. komo mun ngadege beja butut, tentarana keok atau eleh atawa katawan.
 
nya, sapertos nu aya dina buku2 ngeunaan hitler, antukna mah hitler nyerah ku cara maehan karep, nembak sirahna ku pestol bareng jeung garwana nu anyar keneh pisan ditikah, eva braun tea. sanajan pilem perang, tapi teu pati karasa teuing dar der dorna. paling oge saragam tentara di bungker oge di luar, oge pengungsi.
 
si kuring sok ngarasa aheng kana perang dunya ka dua teh, utamana ka perang di pasifik. jepang mun harita teu nyerbu pearl harbour, hartina teu ngahudangkeun maung sare, terus perang rongkah luhureun pulau indonesia antara jepang jeung amrik di laut pasifik, pilipina, naha urang harita bisa merdeka? asana teu kabayang.
 
nu jentre mah, ibukota hindia belanda, jadi pindah ka bandung. heuheu...
 
wilujeng wiken
 
On 7/6/06, soni rosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 



--
geocities.com/mangjamal __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke