Ass. Wr. WB. Haturan ka sadayana, ka Neng Iva, Kang Ikmal, Kang Boim, Ua Siddik, ka sakumna wargi KUSnet, sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pidua saderek sadaya, alhamdulillah sim kuring tos sehat deui + tos tiasa lebet damel deui, mung hapunten nembe tiasa ngawaler ayeuna. Geus kolot mah panyakit teh meni borongan (4 macem, darting, maag, tipes + liver saur dokter teh). Gampang capena masih karasa keneh.
Aya hiji pangalaman waktu di RS (bener-bener karandapan) soal kerek, caritana kieu : Jam 01.00 janari, kuring dihudangkeun ku perawat, bari ngomong pokna : "punten pa, pasen sabeulah kaganggu ke bapa". Kuring rungah-ringeuh bari jeung bingung, salah naon jeung lampah naon anu geus digawean ku kuring tug tepikeun ka ngaganggu batur, bari terus nanya suster : "emangna kuring salah naon sus ? Pan kuring mah sare, teu nongton tipi" ceuk kuring bari kerung. Suster ngawaler deui : "Nyeta sora bapa waktos kulem". "oh kerek" ceuk kuring teh. "Pan kerek mah lain kahayang kuring sus, jalma sare mah teu sadar, jadi ulah nyalahkeun ka kuring. Lamun embung kaganggu batur atuh titah pindah we ka kelas vip, lantaran di dieu mah pasti aya kagangguna." Ceuk kuring teh. Tuluy si suster balik deui ka tempatna. Teu lila kuring manggil deui suster. Sanggeus suster datang kuring nanya kieu : "Sster ayeuna kuring kudu kumaha, naha sare atawa tetep hudang (nyaring)?" Si suster ngajawab : "punten pa, punten pisan. Tos ayeuna mah mangga kulem deui cenah. Terus kurin nembalan : "Lamun kuring sare, ngke tatangga kaganggu deui, tangtuna ngke diprotes deui terus dihudangkeun deui. Kuring dirawat di RS ieu teh pan tujuanna supaya loba istirahat total, diantarana bisa sare tibra; tapi naha ayeuna kuring ulah sare. Kamari waktu kuring keur paparahna teu bisa mondok, sirah rieut nyut-nyutan, kuring teu protes alatan pasen sabeulah kerek, malah lamun keur nyaring nyetel tipi terus-terusan. Anu aya di hate kuring saukur doa : "Ya Alloh, eta jalma ni'mat pisan mondokna, mugia Anjeun tiasa nyehatkeun deui kuring kalayan tiasa sare tibra." Ceuk kuring ngomong ka suster. "Muhun pa, sakalai deui hapunten, abdi tos ngagugahkeun bapa." Tepikeun ka jam 03.00 isuk, kuring teu bisa mondok, terus wae nyileuk, tapi bari ngadedengekeun pasen sabeulah. Kadenge ku kuring sababaraha kali manehna ge nyatana kerek, sanajan kerekna teu tarik bari jeung sakeudeung-sakeudeung. Liwat jam 03.00 kuring kakara bisa mondok deui deui, da nu sabeulah oge sarua kerek, jadi boga alesan kuat lamun manehna protes deui; tapi jam 04.00 kuring geus ngulisik deui lantaran tos deukeut ka waktu subuh. Kitu pangalaman kuring gering di RS teh. Wassalam Jaka/Ebeng --- kang_boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Wa'alaikumsalam wr, wb. > innalillahi wa ina ilaihi rojiun... > baruk bah Jaka teh kenging cocobi ti Allah Swt, sim > abdi mung tiasa > kintun do'a mugia bah Jaka dipaparin kakiatan sareng > kasabaran dina > mayunan ieu cocobi kalayan sing enggal ditebihkeun > panyawatna ku > Allah Swt...amin. > nuhun neng Iva wartosna. > > "kkbm'69" > > > --- In [email protected], iva wanti > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Assalamualaikum, > > > > > > Punten baraya mung bade ngawawarkeun saurna Bah > Jaka atanapi Kang > Ebeng, tos 3 dinten ngaringkuk di RS nuju teu > damang, sigana darah > tinggi. Nembe teh naroskeun kabar di lembur aya > wartos naon saurna > teh. Sono panginten asa leungiteun. Pamugi anjeuna > tiasa enggal uih > deui ka bumina sabihara sabihari deui, amin. Salam > kanggo sadayana ti > Bah Jaka. > > Sakitu anu kapihatur. > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Groups gets a make over. See the new email design. http://us.click.yahoo.com/XISQkA/lOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

