Enya, ku lebarna deuih jaba tos jadi salah sahiji kandidat "pemain terbaik". Mun wengi teu dibere kartu beureum boa nu jadi pamaen paling alus teh Zidane, najan eleh ge sahenteuna kaubaran prancis salah sahiji pamaenna kapilih jadi pemain terbaik.
Tapi nasi sudah menjadi bubur (sangu geus jadi bubur), nyesel mah moal tiheula. Matak pas acara penghargaan piala, zidane teu muncul ge sigana ngarasa kaduhung. Boa jeung boa mun teu dikaluarkeun mah Prancis nu meunang. Tapi abi mah tetep ngaraos kharismatik ka zidane najan wengi tos nguciwakeun ge. Jalma mah inggis ku lepat ( cieee ngabela ). Sigana anu disundulna (Matterazi) ngaluarkeun kecap2 anu teu panuju, sigana ieu mah ceuk abi. Tapi tetep ketang da emosi ge kudu dikendalikeun nya, pan tetep kudu sportif tea.
Dalah kumaha ge, najan ngefans ka zidane tapi Itali meunang mah bungah, hehehe.
Boa deuih nu bakal jadi pemain terbaikna ngalih ka Pirlo, pamaen itali keneh. Pan kumplit
nya bungahna ge.....hehehe.
Bravo Italiano !!!!
Neng Iva
The metZ <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Dalah, tadi subuh mah meni kuciwa pisan ningal kalakuan mang zidane teeh,
abdi janten salah sahiji "bobotoh" perancis teeh ku sabab ayana mang zidane,
sakaterang abdi mah eta si emang teeh tara pisan (jarang) katingal ambekan,
kharismatik (naon sundana nya), mirah senyum jrrd,tapi naha gera nya mang
zidane bet kitu, naha bet aya gaya "saolin soccer" sagala nya....(kesel
pisan), kedah na mah mang zidane pangsiun teeh di tutup ku berita nu
merenah..wios eleh oge, asal nami masih sae, iyeu mah tos eleh, "kalakuan na
teeh kawas pisan lalampahan, eta duka gaduh masalah atawa problem kendala"
(punten nu baris iyeu mah ngacapruk)
Wass
Awin
Teu masalah prancis eleh, tapi masih kesel inget kalakuan si emang tadi
subuh....

