Note: forwarded message attached.

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Check out the new improvements in Yahoo! Groups email.
http://us.click.yahoo.com/6pRQfA/fOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 
--- Begin Message ---
Panuju pisan , ke heula ulah sok gampil ngadugdug
kaluhur. PII oge ngan nyebat " bisa dibayar 10X lipat
lebih murah.." Seueur leresna..hartosna tiasa oge
henteu 10X lipet langkung mirah ! Teras konsepsi
"jengkol to jengkol" ( ari apple to apple mah pan di
Barat) oge kedah diperhatoskeun. Oge ari soal tingkat
gajih mah kumaha pasaran market demand ! Insinyur
anyar di urang anu kakara medal tiasa digajih antra Rp
700,000 dugi ka Rp 6,300,000 sasasih kumaha dimana
didamelna sareng kumaha sistim kapagaweanana, tetep
atanapi kontrak. Ari kanggo kontrak abdi gaduh kontrak
insinyur (Jawa ieu mah) US $500/sadinten gross, upami
net na mah kinten2 US $ 10,000/sasasih. Pangalamannana
18 tahun, didamelna 24 hour on call, jam damelna 06.30
enjing2 dugi ka 19.30 wengi. Week end ngantor ! Ieu
langkung kirah ti urang Barat! Kunaon ? Abdi teu kedah
mayar "overheadna" : asuransi jiwa, oversees
allowance, ticket cuti tahunan, asuransi kasehatan ka
S'pore, jrrd. Insinyur urang oge nu di Qatar atanapi
Malaysia dibayar langkung sareng anu diurang,
maranehna teh disebatna Expat, gaduh tunjangan khusus,
ticket,jrrd..TKI lah kasarna mah...!

Positipna wae PII teh hoyong supados Insinyur2 urang
teh ulah ngalanggur (kaasup Insinyur anu didamel teu
tina widang studina) !

--- riksanagara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Baraya Kandaga,
> 
> Sakedik pamendak/sakaterang abdi ngeunaan Insinyur
> Indonesia:
> 
> 1.    Kumaha detailna data PII yen Insinyur Indonesia
> dibayar 1/10 
> insinyur asing? Upami ngabandingkeun kedah `apple to
> apple` maksadna 
> ahli sareng ahli? Teu tiasa ngbandingkeun insinyur
> Indonesia anu 
> nembe lulus sareng insinyur asing anu tos pangalaman
> puluhan taun 
> atuh,.....naha data ieu tos ngabandingkeun data anu
> lengkep atanapi 
> mung statement politik sesat wungkul ?
> 
> 2.    Upami ngabandingkeun sami2 ahlina biasana;  Ir
> asing anu 
> didamel di indonesia kenging tambihan kompensasi
> kumargi biasana 
> nyandak kulawargina ka Indonesia; aya biaya
> relokasi. Upami 
> Indonesia kenging bantuan misalna ti nagara Eropah;
> seuseueurnamah 
> ieu paket anu disebat bantuan teh diimplik-implikan
> ku seueur 
> syarat2 na misalna barang2 na (hardwares);
> teknologina (softwares) 
> sareng human resources na kedah nganggo products
> tinagara anu 
> bersangkutan. Biasana maranehna tos nentukeun
> bantuan tiasa 
> direalisasi upami X jam tanagi kerja perjam na Y US
> $ disayagikeun 
> ti aranjeuna; janten anu  nangtoskeun sabaraha si
> insinyur asing 
> sibayar teh seuseueurna sanes Bapenas tapi nagara
> anu masihan 
> bantuan tea kuanjeun; upami ceuk paribahasa urang
> Perancis mah 
> ningan `teu aya makan siang anu gratis`janten anu
> disebat bantuan 
> teh upami ditingal langkung tenget sareng detail mah
> saleresna nya 
> uih deui ka nagara anu bersangkutan ditambihan
> untungna da bantaun 
> teh kedah dibayar bungana ku pamarentah Indonesia.
> Janten 
> saleresnamah anu disebat bantuan teh tiasa
> dihartoskeun nagara 
> besangkutan ngagolangkeun artosna; bari ngical
> products sareng 
> teknologina nganggo tanaga kerja bangsana. Tah upami
> aya sesana jam 
> kerja kanggo insinyur pribumi,...mangga we diemutan
> pasti padamelan 
> na di tenderkeun,.sueur anu mikapalay...upami
> ditenderkeun bari 
> bocor diditu didieu,....sabaraha anu kabagean kanggo
> para insinyur 
> Indonesia?
> 
> 3.    Ayeuna upami urang sasarengan noong industri
> penerbangan 
> dunia area anu ditekuni ku abdi salami 20 taunan
> terachir;  Di 
> USA,...upami janten karyawan tetap gajih Insinur
> nembe lulus anu di 
> damel di Boeing penghasilan na sataun (sateuacan
> pajak maksadna 
> kotor) sekitar 25 rebu US $ per tahun (= 2 rebu US $
> per sasih) atuh 
> anu pangalaman nana diatas 20 tahun tiasa dugi ka 60
> rebu US & 
> pertahun atanapi langkung (5000 US $ per sasih).
> Ayeuna bandingkeun 
> insinyur Indonesia anu didamel kontrak di Boeing (da
> anu ditampi 
> janten karyawan tetap mah sesah pisan sakaterang
> abdimah teu aya 
> warga Indonesia) dibayarna teh anu ahli mah
> (pengalaman diatas 20 
> taun) tiasa dugi ka 60 US $ perjam janten upami
> sareng lembur 
> didamelna dugi ka 200 jam (50 jam per minggu)
> panghasilan kotor anu 
> bersangkutan tiasa dugi ka 12 rebu sasasih. Upami
> ningal kieu naha 
> PII/Bapenas teu masihan statement Insinyur Indonesia
> dibayar 6 X 
> lipat ti Insinyur USA di USA?
> 
> 4.    Upami urang didamel di perusahaan internasional; 
> penghasilan  teh ditangtoskeun sanes ti urang mana
> (kulit putih 
> atanapi berwarna )tapi tina kamapuan atanapi
> profesionalisme na. 
> Contona upami urang sasarengan noong kumaha
> gajih/penghasilan 
> karyawan na PBB (United Nation)  peratuan ieu
> berlaku ka sadaya na 
> bade warga Indonesia bade warga asia, afrika, eropah
> amerika atanapi 
> australia,...Staf ahi  P5 tiasa nampi dugi ka 99
> rebu US $ pertaun 
> atuh anu golongan na P1 44 rebu US $ pertaun,...ieu
> teh teu acan 
> kalebet kana tunjangan-tunjangan sapertos
> pendidikan, pulang 
> kampung, cuti; anak & istri dll. Tapi upami ditingal
> langkung detail 
> aya sabaraha jumlah staff UN anu warga Indonesia?
> Aya sabaraha staff 
> UN anu urang Sunda? Aya sabaraha seueur staff
> perusahaan 
> Internasional anu urang sunda?         
> 
> 5.    Tina points diluhur sakedik pamendak abdi dina
> forum KUSNET 
> ieu,...salah sahiji cara kanggo majengkeun urang
> sunda;  majeng 
> ekonomina, majeng politikna atuh majeng budayana
> (mangga ditingal 
> konsep Sunda Moncorongna kang Maman Gatra anu sakitu
> sae pisan, anu 
> kedah dirojong ku urang sadayana upai urang palay
> ningal urang sunda 
> majeng)  ,...diantarana urang sasarengan kedah
> nyiapkeun barudak 
> Sunda tiasa survive di area lokal, nasional regional
> sareng 
> internasional,....ulah mung panghasilan na wungkul
> anu palay 
> profesional tapi kamampuan nana oge kedah
> profesional. Upami ieu 
> barudak tiasa survive maksadna bersaing di dunia 
> global;,...kapayunna kumargi tos gaduh networks,
> gaduh pangalaman, 
> gaduh elmu atuh ekonomina majeng,..tiasa janten
> lokomotif sasarengan 
> narik gerbong urang sunda anu sanesna,...kalebet
> ngamumule budaya 
> Sunda na.
> 
> 6.    Dina danget ayeuna tiasa di sebatkeun yen ku
> ayana internet 
> ngakses informasi teh ampir gratis,....janten
> internet teh selain 
> dianggo kanggo hiburan (chating, silaturahmi,
> heureuy,informasi) 
> saena oge kedah dimangfaatkeun saoptimum na kanggo
> kamajengan 
> profesionalisme urang masing2. Conto anu sederhana
> (salah sahiji 
> conto ngamangfaatkeun internet) upami urang gaduh
> budak anu sakola 
> dina bidang teknologi; salah sahiji universitas anu
> kalabet 10 
> pangsaena didunya nyaeta Massachusetts Institute of
> Technology 
> (MIT); ti taun 1999 MIT teh di internet midangkeun
> kuliah gratis 
> (open course ware); aya 34 jurusan 1800 matakuliah
> anu dipidangkeun. 
> Tina tiap mata kuliah aya kurikulumna; buku pegangan
> / references 
> na , presentsi kuliah2 na; soal ujian2 na malah dugi
> ka jawaban soal 
> ujian taun2 kamari aya dipidangkeun GRATIS didieu ;
> mangga upami 
> baraya kusnet bade ningal tiasa ditoong di 
> http://ocw.mit.edu/OcwWeb/Global/all-courses.htm
> 
> Punten sanes abdi ngagulkeun kapunjulan urang
> amerika, maksad teh 
> urang candak anu saena,....da MIT open courseware
> ieu teh 
> dimangfaatkeun ku mahasiswa2 ti sakuliah dunya komo
> bangsa China anu 
> utamina mah (duka sabaraha seueur mahsiswa teknologi
> di Indonesia 
> khusus na ITB sareng anu sanes na anu tos tiasa
> ngamangfaatkeun 
> fasilitas ieu,....).    Janten pamendak abdi upami
> barudak urang anu 
> janten insinyur palay gaduh penghasilan profesional
> sepertos 
> insinnyur asing sateuacan na cobi bandingkeun heula
> naon pangaweruh 
> barudak urang bandingkeun sareng pngaweruh bakal
> saingan na engke. 
> Janten upami arnjeuna bersaing misalna di pasar
> Singapore tos terang 
> naon pangaweruh saingan2 nana.
> 
> Kanggo baraya kusnet anu bade ningkatkeun elmu
> pangatahuan na dina 
> bidang management sareng business administration
> (pan 
> diajarmah,...urang palay pinter mah ,... teu aya anu
> tiasa 
=== message truncated ===


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

--- End Message ---

Kirim email ke