Baraya sadayana,
Punten pisan diralat anu kenging kapapatenan teh sanes kang iim
Tapi Ua tito ieu aya kalepatan.....tadi pasisiang abdi nampi SMS ti kang
iim anu unina "Kang Im punten pang nomailkeun kusnet sareng warung, uwa
kapapatenan ibu mertua ngantunkeun tadi enjing di purwokerto" . Abi langsung
we lumpat da kaleresan nuju Rapat teras noel kang tatan da nuju online. Teras
nampi wartos deui saurna sanes keluargana kang iim tapi keluargana Uwa tito.
Janten anu di sms ka abdi ti kang iim teh forwardan ti Uwa tito ka kang iim
teras ka abdi, kang iim saurna nuju teu lebet damel dinten ieu.
Kumargi kitu sim kuring nyuhunkeun dihapunten kana kalepatan ieu.
Sim kuring ngiring belasungkawa ku ngantunkeunana mertua Uwa tito
mudah-mudahan almarhum sing ditampi iman islamna ditampi amal saena dihapunten
kalepatanana. amiiien....
Sakalai deui hapunten
Baktos
@ERN
On 7/11/06, Akhmad
Gunawan <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
Waalaikum salam Wr.Wb.
Inna lillaahi wa inna ilaihi rooji'un.
Ngiring bela sungkawa ku ngantunkeunnana Uwa miwah Ibu mertua kang
Boim. Mugia almarhum/almarhumah sing ditarampi iman islamna diampuni sagala
kalepatannana tur ditarempatkeun di tempat anu aya dina Ridlo Gusti Allah
SWT atuh ka kulawargi anu dikantunna mugia dipaparinan kasabaran tur
kaikhlasan. Amin.
Baktos,
WAG
Assalamu'alaikum wrwb
Haturan baraya kusnet sareng gank leboy
dimana wae ayana.
Nembe simkuring nampi YM ti kang Eko, saurna tadi
enjing nampi SMS ti kang Boim, saurna kang Im dinten ieu nuju kena musibah
:
Uwana kang Im sareng Ibu mertuana kang Im Mulih Kajati mulang ka
asal, parantos tilar dunya di Purwokerto.
Kuayana kitu kasadaya wargi
Kusnet di suhunkeun rido galihna , mudah mudahan Uwana sareng Ibu mertuana
kang Im ditampi Iman Islamna, dihapunten tina sagala kalepatanana, di
tempatkeun di tempat anu mulia mungguh Allah, oge kulawarga anu di kantun
di pasihan kakiatan Imasn Islam sareng kasabaran..
baktos
tatan