Eleuh…meun romantis kieu? Aya lalaguan sagala…

Hatur nuhun pisan Kang. Pami teu kaabotan kumaha dikintunkeun japri wae, margi teu kenging lebet ka ramatloka langsung diwarning…….hiks meuni sedih.

 

ro2

 

>>> [EMAIL PROTECTED] 07/11/06 06:53AM >>>

 

Teh Roro,...

Ayeunamah mah tos 20 taun ti mangsa munggaran papendak jeung si
jungjunan,...tuh tos 15 taun karandapan ngambah endahna sagara
kahirupan rumah tangga teh,...ti si panon hideung jungjunan buah
hate teh tos gaduh bati sapasang; awewe 14 taun, lalaki 10 taun,....
upami ngahaleuang dipirig ku gitar atanapi biola teh tembangna
janten A LA UNA YO NACI,...tembang buhun ti tanah Andalusia Sepanyol
abad ka 14

Upami di terjemahkeun bebas ka bahasa Sunda mah:

Ka-hiji kuring lahir,…
Ka-dua kuring sawawa,…
Ka- tilu kuring boga buah hate,….
Ka-opat kuring geus ngarangkep ka manehna,….
Kuring geus ngahiji jeung buah hate kuring,….

Cing caritakeun anaking,…timana asal anaking teh,…
Kuring hayang,…dibejaan….
Lamun anaking aya anu nganyerikeun,…
Ku Bapa bakal dibelaan lahir jeung batin,…

Lamun Bapa miang dek perang ngabela nagara,….
Bapa bakal ngalungkeun ciuman kageugeut jeung kanyaah ,….
Ciuman kageugeut keur indung hidep,…
Ciuman kanyaah keur hidep anaking,….

Lagu aslina:

A la una yo nací
a las dos me grandecí
a las tres tenia amante
a las cuatro me cansí.
Me cansí con un amor.

Dime niña donde vienes
Que te quiero conocer
y si no tienes amante
yo te haré defender.

Yéndome para la guerra
dos besos al aire di
el uno es para mi madre
y el otro e para tí.

baktosna
Anu nuju nyoreang lalampahan ngambah sagara kahirupan

Note: Upami teh Roro bade ngadangukeun Laguna mah ku abdi di
japrikeun we da files na aya anu 400 kb sareng 3 MB

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke