Kang Andang ... kudu pengnepikeun meureun kang kumi nya ...
 
Sok lah kuring miluan kitu nya .. ayeuna mah ti kajauhan heula we kitu nya ..
 
salam,
budhi
kurono kopo
 
 
----- Original Message -----
From: kumincir
Sent: Wednesday, July 12, 2006 7:02 PM
Subject: [Urang Sunda] Fwd: [Baraya_Sunda] Urang Sunda di Sumatera Selatan, Hayu Urang Raketkeun Duduluran !

---------- Forwarded message ----------
From: andang1969 <[EMAIL PROTECTED]>
Date: 08-Jul-2006 11:55
Subject: [Baraya_Sunda] Urang Sunda di Sumatera Selatan, Hayu Urang Raketkeun Duduluran !
To: [email protected]

Kuring salah sahiji warga sunda anu hirup kumbuh di pangumbaraan.
Kuring cicing di Palembang, Sumatera Selatan. Salila leuwih ti sapuluh
tauh kuring matuh di kota Empek-pempek, can pernah pisan nenjo
kaguyuban urang sunda dina jeroning hirup bermasyarakat. Urang sunda
didieu sigana mah pakia-kia bae. Tara pisan silih anjangan atawa silih
tulungan sasama suku. Urang sunda didieu teu katembong identitasna.
Anu jadi ciri urang sunda di Sumsel salian ti tujang kiridit tukang
gorengan atawa tukang ngagali solokan. Sedengkeun kabanggaan kana
budaya, silaturahmi jeung liana mah teu katembong pisan.
Ceuk carita, baheula kungsi aya hiji paguyuban tempat kumpulna warga
sunda di Palembang anu cukup kasohor. Cenah mah ngarana Paguyuban
Wargi Sunda (PWS). Ceuk beja, kagiatan anu di kokolotan ku PWS waktu
eta kaitung rame. Jeung ayana warga sunda di Sumatera Selatan waktu
eta mah kacida boga pangaruh.
Tapi ayeuna mah PWS eta teh ngan ukur jadi carita. Urang sunda di
Sumsel euweuh anu ngokolotan, tapi sewang-sewangan hirup. Tara pisan
aya carita urang sunda ngayakeun hiburan seni sunda. Tara pisan aya
kumpulan tokoh sunda anu mikiran kumaha nasib urang sunda didieu.
Pendekna mah urang sunda teu diperhitungkeun kulantaran geus teu kompak.
Padahal suku-suku lian mah ayeuna teh keur hibar ku sagala rupa
kagiatan. Paguyuban-paguyuban keur rame muncul. Tapi suku sunda
geuning teu aya pisan tanda-tanda baris maju kahareup.
Kulantaran kitu, sim kuring anu ngarasa boga getih asli sunda ngajak
ka sakabeh dulur jeung baraya anu aya di tatar propinsi Sumatera
Selatan, hayu urang ngumpul, hayu urang ngahiji. Hayu urang tunjukeun
yan suku urang boga ajen luhur.
Sim kuring nyuhunkeun rojongan ti sadayana, sim kuring aya maksad
nyobi ngaraketkeun tali silaturahmi jeung duduluran sasama warga sunda
di Palembang, Sumsel.
Oge, kasadaya warga sunda, baraya, dulur anu dimana wae ayana, sim
kuring neda dukungan kana paniatan ieu. Bilih aya baraya aya maksad
ngabantos sim kuring, sapertos siap ngintunkeun tim kasenian sunda ka
Palembang, kanggo ngagiatkeun sareng ngahibur urang sunda di
Palembang, Sim kuring baris bingah sareng ngahaturkeun nuhun.
Insya Allah, moal lami deui di Palembang, sim kuring sareng baraya
didieu, baris ngabentuk hiji paguyuban anu jadi tempat kumpulna urang
sunda di Sumsel.
Insya Allah, acarana bakal didukung ku Gubernur Sumsel sareng pejabat
daerah sanesna. Sim kuring oge miharep, ka Bapa Gubernur Jawa Barat
tiasa nyumpingan acara eta. Komo mun tiasa ngintunkeun tim kasenian
sunda na mah.
Hatur nuhun, mugia aya diantara baraya anu maca serat ieu tiasa kataji
kalawan hoyong ngarojong. Sakali deui hatur nuhun pisan.

Baktos abdi,

ANDANG SUPRIADI
Palembang Sumatera Selatan


__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke