Muhun rame oge Seren taun di kasepuhan Ciptamulya(sirnaresmi) teh, dina sawengi dugi ka aya tilu pagelaran di hiji tempat, nyaeta jaipongan hiji panggung sareng pongdut dua panggung. Waas pisan pas wengi eta abdi,dadang sareng teh Femi ti Lingkung Seni Giri Sunda Pura, kaul Jaipongan dina Lagu Buah Kawung. teu kaduhung mayar oge da wareg ngibingna. he he, komo Kang Dadang mah dugi ka luat leet kesang. oh enya hiji deui, abdi kataji ku dodolna, legit tur empuk, asa jiga brownis.
Eta adat teh memang kedah teras dilestarikeun, oge upami tiasa mah dijantenkeun objek wisata. Supados warga setempat gaduh penghasilan tambahan. Tapi abdi rada teu sapagodos ku terlalu seueurna panggung dina hiji tempat, asa mubazir kitu. Soalna,saleresna ku hiji panggung ge jiga na mah tos cekap. Punten, eta mah pamadegan abdi. Lepat sareng leresna abdi teu tiasa maksa,da tiap orang gaduh pendapat masing-masing. Tapi poko na mah, Hebring lah Seren Taun CiptaMulya teh, Upami aya kasempetan mah hoyong ningali deui taun payun. __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> See what's inside the new Yahoo! Groups email. http://us.click.yahoo.com/2pRQfA/bOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

