Baraya,
Tadi peuting, kaping 14 bulan Hijriah atawa tanggal 8 Suklapaksa (paro caang) Kala Sunda (http://members.tripod.com/~INUG/
Kala.htm) atawa 11 Juli 2006, aya acara adat di Bandung, pasna di lokasi anu dipercaya salaku tempat Sumur Bandung anu mashur. Acara teh disebutna upacara Pasaduan, sedengkeun lokasi sumur Bandung anu dimaksud nyaeta di Jl. Cikapundung, gigireun gedong kantor PLN. Si kuring sorangan henteu hadir ka acara teh, ma'lum lilinieun keneh tutas hiber rada jauh, sok sanajan diulem langsung ku salah saurang panitia atawa anu ngalaksanakeun eta acara. Dina telepon tadi peuting, saba'da sasadu teu bisa ngaluuhan, si kuring satengah janji bade nelepon deui enjingna, tataros kumaha hasilna jeung unak-anik sabudeureun eta acara.
Ahamdulillah, isukna si kuring kaparengkeun bisa tetelepek, sok sanajan masih dina telepon kawantu pakepuk ari kudu incah ti kantor mah, ngeunaan acara Pasaduan anu dilaksanakeun tadi peuting. Numutkeun Abah Olot (Rd. Rachmat Satjamanggala, ka anu peryogi nomer kontak anjeunna, mangga japri wae), acara Pasaduan teh kaasup salah sahiji tina budaya adat Sunda. Anapon maksud atawa tujuanana taya lian pikeun ikrar memeres kaayaan anu geus sakieu pikahariwangeunana ku cara - sabisana - ngandelkeun kakuatan budaya sorangan. Meureun, ceuk istilah akademisna mah revitalisasi budaya atawa jauhna : pangwangunan dumasar budaya sorangan tea. Anu dimaksud "kaayaan" teh nya sacara umum mah kahirupan masyarakat, boh sacara sosial (tatanan masyarakat) atawa kahirupan "berbangsa" jeung "bernegara". 'Pasaduan" sorangan sigana asal muasal kecapna teh tina "sadu" atawa kecap anu ilahar kapanggih dina kahirupan sapopoe mah "sasadu" tea (menta dihampura bari terus ngahadean anu masih saralah).
Henteu pati eces kumaha prak-prakana ieu upacara, ma'lum maluruhna oge dina telepon. Ngan, anu jelas, dina ieu upacara teh, saur Abah Olot, aya 9 urang inohong anu minangka jadi panitia (sok sanaos abah Olot henteu nembrakkeun, si kuring nyangka anu 9 ieu teh sarupi tokoh adat atawa pupuhu anu jadi panghubung ka tokoh-tokoh adat anu sabenerna). Hal anu sejenna anu dijelaskeun ku Abah Olot nyaeta waktu upacara Pasaduan anu baris dilaksanakeun 3 kali satiap tanggal 14 Hijriah (peutingan caang bulan purnama), dimimitian ti lokasi Sumur Bandung (anu kahiji) kalawan anu kadua katilu baris dilaksanakeun patutur-tutur di lokasi gedong Merdeka jeung di Pendopo. Kunaon dimimitian di Sumur Bandung? Teu pati eces kateranganana teh, ngan anu kairong tina waleran anjeunna: nuturkeun harewosna wae memang kudu dimimitian ti dinya, saurna.
Baraya,
Akhir-akhir ieu acara-acara anu samodel Pasaduan atawa, sebut wae, acara adat, asa wuwuh mindeng kakuping, sakumaha kasaksian boh iber di milist atawa dina media sejenna. Mataholangna satiap acara, anu kacangking atawa anu sok mindeng disebut-sebut: balik deui kana budaya sorangan. Sakapeung si kuring sok ngahuleng, naha naon jeung kumaha prak-prakanana balik deui kana budaya sorangan teh? Naha kudu make upacara adat upama urang seja "balik kana budaya sorangan"? Ceuk WS Rendra ieu mah, cenah dina jaman kiwari, nalika budaya pirang-pirang bangsa geus silih pangaruhan, teu aya hiji budaya oge anu aktual anu bener-bener bisa disebut budaya asli (anu minangka konotasi tina kalimah "balik deui kana budaya sorangan").
Ceuk Rendra deui wae, dina kaayaan teu aya hiji oge budaya jaman ayeuna anu bener-bener "asli", harti atawa ma'na "balik deui kana budaya sorangan" taya lian ti ngawangun kamotekaran (kreativitas) enggoning nyanghareupan masalah kahirupan (tangtangan jaman). Kusabab kitu, mudah-mudahan naon anu ayeuna mekar, mindeng kapireungeuh, salaku upacara-upacara adat taya lian wujud atawa sikep anu ngandung tekad gawe motekar dina nyanghareupan pasoalan kahirupan masyarakat. Dina raraga ieu, naon wae garapan, boh anu dimimitian ku upacara adat atawa kamotekaran sejenna sakumaha diluluguan ku Kang Ajip jeung Yayasan Rancage-na, Mj, Ua Sas, Mh, oge sadaya wadia balad Kusnet ngaliwatan - utamana - galur internet oge golongan-golongan kasundaan sejenna, malah kaindonesiaan, jembarna kamanusaan , kalebet kana kamotekaran anu diperyogikeun tea. Tegesna, kaasup, upama hade terus ngagunakeun ieu istilah, balik deui kana budaya sorangan.
Cag.
baktos,
manAR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

