Ceuk sim kuring mah angka 13 teh angka anu pang alusna jadi teu 
keuna lamun disebutkeun angka sial teh, contona anu disebatkeun 
layang salaka domas anu aya di leuyweung larangan teh ngandung unsur 
angka 13 saurna mah, teras sapertos anu ku kang dian dicarioskeun 
kanggo pns mah diantos pisan eta teh nya....

baktos,
s4d3w4


--- In [email protected], Reddy Aprianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Angka 13..........
> 
> Sabenerna mah, geus ti sababaraha waktu ka tukang kuring teh 
hayang nyaho 
> naha angka 13 teh disebut angka sial.
> Ngan kusabab euweuh waktu, akhirna mah kahayang nyaho teh rada 
pupus. 
> Mucunghul deui teh sabab sacara teu dihaja, 
> 5 minggu ka tukang kuring merhatikeun nomer korsi dina pesawat. 
Harita 
> kuring meunang korsi no 14. Ngahaja korsi teh ku kuring 
> dipapay. Barang anjog kana korsi nomer 12, kuring rada heran, naha 
ti 12 
> langsung luncat ka nomer 14.
> Teu loba carita harita mah, langsung we diuk bari rada heran ge.
> 
> Kabeneran harita teh kuring nyambung ngapung ka hiji kota di 
Eropa. Tamba 
> kesel, kuring mapay nomer korsina.
> Matak heran deui wae, korsi nomer 13 mah euweuh. Ari sugan teh 
urang barat 
> mah geus teu percaya kana nu kararitu teh, singhoreng teh masih 
keneh.
> 
> Ti saprak harita, akhirna kuring mikir, berarti kapercayaan yen 
angka 13 
> teh angka sial geus jadi kepercayaan anu global. 
> Sok sanajan teu kabeh bangsa angka sial na nomer 13. (Siga 
Indonesia anu 
> angka sial na teh lain 13 tapi 12. Sok loba nu ngomong pan "wah 
euy cilaka 
> 12".. :-)  )
> 
> Nu jadi pertanyaan kuring, naha loba jalma nu yakin yen angka 13 
teh angka 
> sial?? Geus aya can nu ngitung
> make elmu statistik yen angka 13 teh angka sial??
> 
> Sateuacanna hatur nuhun ka baraya anu tiasa masihan bongbolongan 
ka 
> kuring.
> 
> Kuring kungsi maca salah sahiji carita anu aya hubunganna jeung 
angka 13. 
> 
> Di taun 1307, Paus Clement V babarengan jeung raja Philippe IV 
ngaluarkeun 
> surat parentah ka sakumna prajurit di Eropa. Surat eta teh karek 
meunang 
> dibuka 
> tanggal 13 Oktober 1307. Singhoreng, eusi surat eta teh 
mangrupakeun 
> parentah jang ngamusnahkeun "Ksatria Templar" nu harita teh 
mangrupakeun 
> sakumpulan
> ksatria nu boga kakawasaan kacida gedena di Eropa. Naha ieu teh 
salah 
> sahiji hal anu ngajadikeun angka 13 teh angka sial???
> 
> regards,
> Reddy
> 
> Technical Dept.
> Ph. +62 31 8964555, ext 2533
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke