sim kuring mah dosen tetap. hartosna pagawe yayasan pendidikan dayang sumbi, digajih ku yayasan pendidikan dayang sumbi tapi ari gawe mah ngawadul di kelas itenas.
aya oge ple setan dosen tetap teh, tetap susah, can boga imah can boga mobil. heuheu
tapi teu nanaon, da kuring mah dibere hirup ku pangeran oge nuhun pisan. boga budak geus rek dua atoh bin sugema we nu aya. heuheu. rijki mah ti pangeran, lain ti tempat pagawean. cenah
perkawis Profesor kasus BJ Habibie, sigana eta mah gelar kehormatan. da ari profesor resmi dikti mah kedah pangkat ngajar 4D atawa 4E kitu.
kungsi dewa di ITB parasea ngeunaan perlu henteuna Ginanjar Kartasasmita dibere gelar kehormatan ku ITB. aya nu pro aya nu kontra. antukna nu kontra meunang. Teu dibere. sabab Gan Gin teu ngojay dina widang nu anjeuna diajar di ITB, kimia, asa na mah. nya ari habibie mah meureun ti teknik ka teknik deui, nyieun kapal.
gan gin mah pan beres ti itb asup angkatan udara, sakola deui kimia pertanian di jepang.
gan Ginanjar antukna dipasihan gelar profesorna ti Unpad.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

