kamari pabeubeurang si kuring ngulampreng ka kantor cupumanik anyar nu oge
kantor Pusat Studi Sunda. acara mieling 40 poe pupusna Prof. Edi S
Ekadjati.
seueur nu sumping, inohong nu teu sadaya kuring apal.

nu ngadu'a oge masihan caramah panineungan ajengan Usep Romli. nu bari
semu dareuda, bari heureuy, nyarios yen enya, gening di urang mah jalam nu
soleh, nu handap asor, nu jujur teh tarereh dipundut yuswa. atuh ari kitu
mah mun hayang panjang umur teh, ulah saroleh teuing, cenah. hahaha. puguh
nu sumping seuri, keom, jsb.

kang Ajip nembal, ngabandungan yen nu soleh jeung handap asor tarereh
dipundut yuswana, atuh kuring mah lila keneh meureun da teu soleh jeung
teu handap asor, moal asup surga deuih, da gawe nyarekan batur. hahaha

kang Ajip Rosidi oge masihan caramah panineunganana ngeunaan Prof. Edi S
Ekadjati. aya dua buku nu harita dibagikeun haratis, buku surat Yasin aya
gambar prof. Edi, tarjamahan basa sunda jeung guguritanana, yasana abah
Surya-HR Hidayat Suryalaga. hiji deui, judulna NU MANGGUNG dina Sajarah
Sunda, yasana alm. Prof. Edi. eusina cerita/biografi/lalakon para tokoh
Sunda pilihan ti jaman sangkuriang, Sekar Roekoen, Oto Iskandardinata nepi
ka Ir. Djuanda, nu kungsi jadi perdana menteri. si Ua Sas miluan
papatungan ngawaragadan medalna buku ieu. lauchingna kamari, dina raraga
40 poe eta.

aya si Ua Sasmita, Hawe Setiawan tuan rumah nu boga hajat, Soni farid
maulana, kang Budhiana ti PR, jrrd.

Prof Edi teh muridna Prof. Ayat Rohaedi. duanana satia ngulik neangan nu
laleungit dina hasanah budaya jeung sajarah sunda. cek kang Ajip, sajarah
Sunda teh masih keneh mangrupa leuweung geledegan, karek
disingray-singraykeun saeutik ku sababaraha ahli kaasup prof. ayat jeung
prof. edi

mudah2an we kahareup aya deui nu neruskeun lalampahan prof. ayat jeuung
prof. edi.



mj

http://geocities.com/mangjamal






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke