aki kitu?
walungan ngagulidag incu can pernah nempo.
genyasna cinyusu can pernah nénjo.
boro gulidag boro genyas.
dalah kélétrék dalah lecek can pernah kawénéhan
ingetan? ingetan saha?
embah kitu?
ratusan syaraf utek incu can pernah wawuh ngaranna hejo
urat panénjo can kungsi wanoh ngaranna ngemploh
boro hejo boro ngemploh
dalah konéng dalah pérang can kungsi sasalaman
jadi ieu teh,
cur nu mana?
cor iraha?
teu cer kunaha?
cir keur saha?
sugan kaalaman ku bao ki!
yu gunung urang guyur. pasir ulah sina bulistir. tegalan tong jadi panonoban kebul.
karunya indung sawahna pundung, karunya bapa humana kabur.... komo kebon mamang, tarangna rengat!!!
ti kadoya
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

