Sapuk kang.....

regards,
Reddy

Technical Dept.
Ph. +62 31 8964555, ext 2533

       




Angka mah kabeh oge netral, sabab moal aya 5 lamun teu aya 4; moal aya 14 lamu teu aya 13. Pon kitu deui, runtuyan angka teu eureun di angka 3 atawa di 12. Manusa wae anu ngamaknaanana jeung ngahubung-hubungkeunana.
 
Majar cenah eta loba kajadian kacilakaan dina meneran angka 13 atawa angka 4? Bongana jelema keneh, naha bet angka eta wae anu diperhatikeunana. Coba lamun ditinenan angka sejenna, loba oge kajadian anu disebut "sial" ceuk ukuran manusa lain dina angka 13 atawa 4. Tengetan geura, naha musibah gede anu kajadian akhir-akhir ieu, saperti sunami Aceh,  tanggal sabaraha? Naha dina tanggal 13?  Lini badag di Jogja tanggal sabaraha? Meh unggal poe aya musibah di Irak jeung Palestina, naha unggal poe tanggal 13? Anu panganyarna kajadian, kamari bom anu ngancurkeun kareta api di India nepi ka puluhan atawa ratusan anu maraot, asana lain tanggal 13 Juli da karek poe ieu tanggal 13 Juli mah. jst.
 
Jeung deui, lamun ukur angka 13 atawa angka 4 anu mawa sial, atuh Pangeran teh teu adil. Saha anu bisa nolak jelema dilahirkeun dina tanggal 13 atawa tanggal 14?
 
Cenah eta di Barat oge anu sakitu rasionalna aya kapercayaan sarupa kitu? Ih, tuda salah sahiji unsur anu aya di satiap manusa mah taya lian ti kapercayaan atawa kayakinan. Anu perlu dipikirkeun, kumaha sangkan urang yakin teh yakin kana hal-hal anu bener atawa anu hak atawa realitas. Angka 13 atawa angka 4 mawa sial ceuk kuring mah lain realitas anu hak. Ceuk urang Sunda mah: eta mah kabeneran wae. Panambahna, teu sakabeh kayakinan anu ti Barat turutaneun. Hayu ah, urang nyikepan angka 4 atawa 13, sakumaha sikep urang ka angka-angka sejenna. Kahade, angka teh ngabantu pisan kana kahirupan urang, sadayana teu aya anu diwilah-wilah.
 
Para ahli psikologi geus ngingetkeunm naon anu jadi pikiran urang atawa kayakinan urang lamun tarik teuing sok kajadian. Jadi....gumantung cara mikir urang wae. Lamun yakin yen satiap angka 13 mawa sial, hiji waktu anu mibanda eta kayakinan baris manggihan sial pas dina lebah angka 1, kitu ceuk para ahli psikologi.
 
manAR




__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke