Tanggal ieu 61 taun katukang (16 Juli 1945), mangrupakeun hiji tanggal anu  penting dina sejarah hirup manusa.
Di tanggal ieu Manhattan Engineering Project, atawa anu leuwih tenar disebut Manhattan Project  nga-uji coba bom atom anu munggaran.
Panalungtikan ilmiah proyek Manhattan ieu di luluguan ku ahli fisika ti Universitas California, Berkeley nu ngaranna Dr. J. Robert Oppenheimer.
Sedengkeun sacara umum mah, luluguna teh Jenderal Leslie R. Groves, Deputy Chief of Construction US Army Corps of Engineers.
             
            6 taun samemehna (2 Agustus 1939), Albert Einstein ngirim surat ka presiden Amerika Serikat, F. D. Roosevelt netelakeun yen Nazi Jerman
keur giat ngamurnikeun Uranium nu bisa dijieun jadi bom nu kakuatan ledakanna kacida rongkahna. Tanggal 16 Juli 1945, akhirna
Manhattan Project  ngabuahkeun hasil. Bom atom nu munggaran nu dingaranan Gadget , kalayan kode uji cobana Trinity, di uji ledak di Alamogordo, New Mexico.
Uji coba ieu dilakukeun jam 05.29 isuk. Disaksian ku sakumna ilmuwan Manhattan Project  jeung gegeden angkatan Darat Amerika Serikat,
kaasup oge Duta Besar Inggris, Lord Halifax.
     
           Ledakan ieu diperkirakeun sarua jeung ledakan anu dihasilkeun ku 19.000.000 bom TNT. Pantes we lamun bom atom teh bisa jadi mesin
pembunuh anu kacida kejemna.

          Sapoe saeunggeus uji coba, sababaraha ilmuwan anu nyaho bahayana bom atom teh nyieun petisi (Szilard Petition). Petisi ieu teh ditanda tangan
ku para ilmuwan anu terlibat di Manhattan Project. Ku ningali efek tina Gadget, para ilmuwan nyimpulkeun yen bom atom ieu teh teu sakuduna dipake dina perang.
Sabab geus bisa dibayangkeun sakumaha gedena korban jiwa jeung materil anu jadi akibatna. Tapi hanjakal presiden Amerika Serikat, Harry S. Truman keukeuh hayang ngaragragkeun
eta bom atom di Jepang, kalayan maksud hayang buru-buru ngarengsekeun perang dunia II.

          Akhirna tanggal 6 Agustus 1945 jeung tanggal 9 Agustus 1945, bom atom diragragkeun di Hiroshima jeung Nagasaki.Di Hiroshima  ditaksir 137.000 nyawa langsung
ngalayang, oge jembatan, bangunan kabeh ancur teu nyesa. Dihajar ku Little Boy anu diragragkeun si Enola Gay. Pon kitu oge di Nagasaki, 78.000 rahayat jadi korban kaganasan
Fat Man anu diragragkeun ku si Bockscar.

          Manhattan Project  geus ngingetkeun ka urang ngeunaan arti science and technology. Rek dipake naon bae eta science and technology  balik deui ka urang
salaku makhluk nu ngeusi, nu ngajaga jeung nu ngaruksak bumi ieu.



catetan. Little Boy ; ngaran bom atom anu diragragkeun di Hiroshima
                 Enola Gay ; ngaran pesawat anu ngaragragkeun Little Boy,
                 Fat Man ; ngaran bom atom anu diragragkeun di Nagasaki
                 Bockscar ; ngaran pesawat anu ngaragragkeun Fat Man

regards,
Reddy

Technical Dept.
Ph. +62 31 8964555, ext 2533

       
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke