lampu ngadadak pareum
tampa beja tampa carita
pret, sakedapan panon ngerejep
teu kungsi lila dunya asa ngalegaan
panenjo bisa nembus tungtung langit
nembus gunung nembus pasir
nembus sakabeh hahalang, bebas
suku ngocepat lumpat
jedak tarang nenggar tembok kamar!
ii
poek nu mongkleng
curuk ngabeucir teu kaciri
bentang nu biasa mantuan
geus lawas mumul mucunghul
atawa kuring nu geus lila poho?
di luhur sora jalma ting koceak
: "alah siah can kaburu ka save!
kaduhung kamari teu meuli ups!"
iii
lila oge ngadagoan
pln can wae datang
wuwuh sieun keur nu borangan
borang poek hayang caang
pyar lampu ngadadag gumebyar
dunya ngariut deui sagede kamar!
kamari, di jero kamar
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

