Assalamu alaikum wr.wb.
Euleuh euleeuh, geuningan alam dunya teh heuret,ngan henteu saheureut anu dipikir ku mojang anu kagegeloan cinta.Cobi wae emutan,ku dulur sadaya. Abdi teh ayeuna aya di America. Nyaan asa ngimpi. Bayangkeun ti Banjarsari Ciamis Jawa Barat, ngapung naek kapal udara 22 Jam. Cle weh nyengcle di Nagara batur,Amerika, kasebutnya.Persisna mah aya di Northampton, Massachusset.
As teu kaharti, da tadinamah, bororaah kapikiran ka Amerika, ka Majalaya oge can kaalaman.
Saminggu saatos dugi ka " Nagara Liberal"dina poe Jumaa'h, abdi mios ka Amherst ( 10 km ti Tempat Kuliah ), eh, Kalayan Idzin Allah, pendak weh sareng uarng ciamis, Kang Barra, Anjeunna asli ti ciamis, Lulus S2 ITB, teras kenging Beasiswa ti University of Massachusets dina program Post Doctoral biadang elmu Matematika.
Asa ngimpi, kang Barra tos sataun satengah sareng istrina neng Lia, urang Garut. Aduh asa patepung jeung dulur saindung. Ngan hanjakal, buadkna mah, teu tiasa bahasa Sunda / Indonesia. Sapopoenateh dua bahasa ; Bahasa sunda pasif sareng bahasa Inggris aktif. Pokonna mah ngan bisa yes, and no, wae.
Ari abdi sunda tulen, Ibu ti Sadananya, pun bapa ti Rancah.Ngaraos asa ngimpi teh kulantaran, abdimah tina kulawarga teu mampu, liuek euweuh ragap teuaya, ceuk paribasanamah.Ujug ujug dipaparingan beasiswa. Atuh puguh asa kalagragan rizki ti langit.
Kaping 15 jJli, saatos sasasih di Amrik, abdi milarian website sunda tina Google, aya we Sundanet. Tah ieu dulur abdi di dunia maya.NEpangkeun dulur sadaya, Abdi teh warga baru di SUNDANET.
Tah, salajenungnamah, rahasia perusahaan, upami dulur sadaya hoyong terang sepak terjang putra sunda, hayu urang komunikasi via milist. Sugan wae aya jodo.
Sakitu nya, hatur nuhun Bravo SundaNet !.
Dedi Turmudi
---------------------------------
See the all-new, redesigned Yahoo.com. Check it out.
[Non-text portions of this message have been removed]
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
![]()
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___
Kirim email ke
Waalaikum salam wr. wb.
Mangga kang dedi wilujeng gabung di milis kisunda kitu deui kang kang salem upami teu lepat. Nepangkeun kuring Eko Ari kawit mah Indihiang tasikmalaya persisna mah dikampung cibungkul. Ayuena bumi mah di taman cimanggu bogor ari damel mah di kuningan jakarta selatan.
Saleresna milis urang sunda teh aya seueur aya [email protected] (www.sundanet.com),
[email protected] (www.urang-sunda.or.id) aya deui [email protected] ari anggotana mah sami wae eta keneh eta keneh mangga bilih bade ngiring gabung ka milis nusanesna aya deui upami kang dedi resep heureuy
[EMAIL PROTECTED].
Mangga kang wilujeng gabung di milis mudah-mudhan betah....di amrik aya abah joe nu tos puluhan taun diditu aya deui teh netty saha deuinya seueur pokokna mah kang mangga wilujeng. Punten bilih aya kecap atanapi basa ani kirang merenah.
Baktos
@ERN
On 7/16/06, Dedi Turmudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

