hiji deui kang, atikan. masakat jeung belet teh cenah jiga kolot jeung budak, ngan teuing nu mana nurunkeun saha. naha kusabab masakat jadi belet, atawa kusabab belet jadi masakat.
eh hiji deui ketang iman. nu ieu mah dulur nu dua di luhur.
nya mudahan wae kaharep mah teu ukur jadi muslim tapi ningkat jadi mukmin trus jadi insan kamil. teu ukur jadi ki sabeulah jeung ki saparo.

dh
On 7/17/06, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Kalawan pinuh ku kasadaran, urang teu bisa ngabantah yen urang Sunda
teh ngawengku rupa2 kalakuan, pagawean, jeung sajabana, kaasup nu
icikibung dina masalah 'awewe kontrakan' ieu.

Teu kudu ngarasa aneh, da di unggal bangsa ge (meureun), luyu jeung
kaayaanana sewang2an, kadang nasib hirup teh ngamalir kana peta anu
teu luyu jeung atawa ngarumpak ajen-inajen umum nu diagem ku
masarakat.

Hiji anu pasti mah, peta model kitu teh ilaharna mah dijurung ku
masalah ekonomi, naon deui... Salila bangsa urang can bisa
ngaleupaskeun diri tina jiretan (?) kamiskinan, ceuk kasarna mah peta
naon bae oge bisa dilakonan...
Kapan cenah, ceuk ungkluk, "... da kami ge teu hayang jadi ungkluk..."
Komo di antara nu tigebrus ka nu kitu teh loba nu alatan ditipu...

Mudah2an, ka hareup mah kahirupan urang sacara umum bisa menyat,
sahingga masarakat urang bisa ngajaga dirina tina lakulampah rucah,
mun aya pilihan sejen pikeun nyiar kipayah mah... Mudah2an urang
sadaya teu kajiret ku kadunyaan wungkul...

On 17/07/06, sireumbeureum050783 <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
> Leres eta teh?????
> duh gusti geuning tos janten jaman jahiliah deui.... tapi eta mah
> sanes urang sunda pan?????? da asa teu mungkin upami urang sunda
> kersa kawin kontrak mah!!!!!!!
> leresss????

--
sikandar
kumincir.blogspot.com
su.wikipedia.org




--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke