Sae upami kitu oge, sok wargi sanesna diantos...
sim abdi mah insya Allah Senen payun (24 Juli 2006) dikintukeun...
bade ngeleketekan heula US nu aya didieu...
 
ssw

soni rosa [EMAIL PROTECTED]
haturan wa...
dikempelkeun di rekening YP/MJ wae wa!
disalurkeun ngalangkungan Pikiran Rakyat a.n. Kumpulan
urang sunda di internet.
MJ. talatah pami tos ngintun wartosan via email atanapi
sms.
abdi bade ngiringan Rp.100.000,00.
(sakantenan lapor ka MJ)
sonirosa

Siddik Wiradireja [EMAIL PROTECTED]com
Para wargi Kusnet dimana wae ayana, sapertos kauninga ku
sadayana wargi Kusnet dilembur, yen didaerah pakidulan
Ciamis sareng Garut tadi sonten kirang langkung tabuh
16.30 WIB aya bancana lini sareng tsunami, korban jiwa
dugika tabuh 19,00 WIB tos 60 jalmi(tangtos ieu jumlah
bakal nambihan...), teu acan harta banda, saur dina
wartos Pangandaran rata...
Kukituna sim abdi umajak kawargi sadaya kumaha upami
Kusnet muka dompet kanggo korban eta lini sareng tsunami....
Prak-prakannana mah teu langkung naha bade disalurkeun ka Yayasan Perceka (punten mang J., aya deui padamelan
yeuh...).atanapi muka dompet khusus....
Hatur nuhun...
Pihatur
ssw