Waalaikum salam warohmatullahi wabarokaatu
Rampes kang dennis!
Mangga kalebet anggo wae sendalna, tong isin-2 sok calik wae tapi kade tong hilap lancinana angge. nepangkeun oge wasta simkuring mah amin. asle Putra Galuh (Ciamisayeua). nuju bubuara di nagri deungeun..heu heu maksudna (neangan deungeun sangu).
Mugia kang dennis betah tumaninah..di ieu babakan, diantos postinganana da simkuringmah mung tiasa ngintip mungkul eh noongan mungkul.
salam wanoh
mangga ah cag!
===========================================================
dennis zatnika <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
dennis zatnika <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Ass.
sampurasun dulur sadayana!
Nurut kana aturan milis ieu, supados teu disasaha,
saurna, Nepangkeun, simkuring Denis Jatnika, nembe
pisan gabung sareng kusnet ieu, simkuring 25 taun,
masih lelengohan ieu teh (nuju milarian!) he...
kawit ti Garut, kaleresan simkuring ayeuna nuju aya di
Jepang (tapi angger weh, didieu ge simkuring resep
pisan ngadangukeun kacapi suling, asa tiis kanu ceuli,
herang kanu soca), nuju training 3 sasih di dieu.
saleresna simkuring damel di Panasonic Mfg Ind, sareng
calik di Jakarta timur.
Bingah pisan gening aya komunitas sunda di internet
,mugia bae sing manfaat kanggo urang sadyana, kanggo
ngamumule budaya Sunda dimana wae ayana.
kanggo dulur sararea, boh nu apal atanapi teu acan,
sim kuring bingah pisan, asa ngagaduhan rencang di
dieu.
Sakitu heula, hatur nuhun.
Wass.
_____________________ _________ _________ _________ __
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Amien Mina
"Pakena Gawe Rahayu Pakeun Heubeul Jaya Di Bhuana"![]()
Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

