lain ahli gempa komo deui tsunami ... ieu mah make elmu nu inget baheula ...
 
mun ningali karuksakan akibat tsunami kamari, tina photo ieu mah, nu ruksak teh daerah pantai barat, nu lautna biasa dipake ngojay, lamun ti gerbang asup nu anyar ka beulah kenca, sedengkeun nu ka beulah katuhu, ka arah cikembulan, teu pati ruksak sigana mah.
 
leres di daerah kulon eta aya palung laut, sabab eta oge meureun akibatna teu pati gede, ngan nu ka beulah weta (tempat ngojay) eta lautna deet, tah ieu nu teu pati kaperhatikeun. mun ningali hasil modelna tim oseanografi itb, hasilna meh nembongkeun karuksakan nu sabenerna, hartina bener palung laut ieu ngurangan akibat tina tsunami.
 
gempa atawa lini nepi ka ayeuna can bisa diramalkeun iraha bakal kajadianna. di jepang, duka sabaraha rebu alat dipasang, kang Irwan (anggota milist pasif) nu apal, acan bisa ngaramal iraha jeung dimana bakal kajadian. komo deui meureun di indonesia nu alatna oge kacida kurangna, nya modalna tina peramalan statistik. sedengkeun mun ngaramal make statistik perlu data nu cukup, ari data kajadian gempa di indonesia oge teu cukup, jadina buah simalakama meureun. teu mere pendapat dianggap teu peduli, mere pendapat dina salahna dianggap nyanyahoanan takdir ti Allah SWT. jadi kudu kumaha ....... wallahualam ..
 
budhi
kurono kopo 241
 
 
 
----- Original Message -----
From: waluya56
Sent: Thursday, July 20, 2006 5:22 PM
Subject: [Urang Sunda] Re: itu adalah hak Tuhan

Hehehehe .... ahli oge tiasa lepat da sanes Nu Maha Kawasa. Kamari
kuring papanggih jeung Dr. Nanang (dosenna tukang kaos Kusnet) di
jurusanana, ngan teu kaburu ngobrol lila, manehna rek ngahadiran
seminar cenah, da didadasi jeung make jas. Satadina mah rek tunyu-
tanya, sabab Nanang kungsi nyarios dina media (PR kitu), teu kantos
kacatet ku Sajarah di Jawa Barat aya Tsunami. Janten sacara
statistik, kamungkinana leutik pisan aya tsunami di basisir kidul
Jawa Barat. Tapi da eta mah statistik, kamungkinan leutik oge, bisa
wae jadi enyaan ......

Baktos,
WALUYA
(Kungsi babarengan jeung Nanang waktu Nanang mahasiswa keneh)

--- In [EMAIL PROTECTED]ups.com, "Nana Kurnia" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> *Jumat, 04 Maret 2005*
> Tsunami tak Akan Terjadi di Jabar Selatan
> Tim Ahli Pastikan Pangandaran Aman
>
> CIAMIS, (PR).-
> Pantai Selatan Jawa Barat, termasuk Pantai
> Pangandaran, Kabupaten Ciamis,
> dipastikan aman dari bencana tsunami.
Demikian
> hasil penelitian tim ahli
> tsunami yang terdiri dari Dr. Nanang dari
ITB,
> Dr. Terry Sriwana dari
> Sekolah Tinggi Teknologi Mineral, Kepala
Badan
> Meteorologi dan Geofisika
> (BMG) Bandung Dr. Hendry Subakti, Dr.
Soewarno
> ahli geologi kelautan, dan
> Dewi Kurnia dari Bappeda Jabar, yang
diumumkan,
> Kamis (3/3) di sela-sela
> hajat laut nelayan Pangandaran, Ciamis.
>

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke