Mudah2an we urang sadayana dipasihan kasobaran sareng katabahan dina mayunan sagala musibah ieu. Sareng janten bahan lenyepaneun urang sadayana, naha aya naon saleresna dina kajantenan ieu teh??? Naha musibah asa murudul pisan tumiba ka bangsa urang.
 
Rencana ka Pangandaran batal kang dibatalkeun wae. Kitu tah berdasarkeun kasepakatan tim teh. Mugi2 Pangandaran teu ngirangan peminatna. Sareng tetep janten pariwisata anu dipikaresep ku balarea.

 
On 7/20/06, kang boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Baraya.....,
ari sim abdi mah ka Pangadaran teh 7 bulan saprak kajadian Tsunami di Aceh mun teu lepat mah bulan Agustus 2005 katompernakeun...da harita di Pangandaran aya panggung hiburan agustusan (di sisi laut belah kulon). Harita oge pedah wae kabeneran aya acara kulawarga ti kantor pun bojo atuh Alhamdulillah haratis sagalana...hehehe. (ngan heunteu wae ari jajan mah).
Harita oge sabenerna mah masih keneh dilimpudan ku kasieun kajadian Tsunami, komo pas peuting panungtung di Pangandaran hujan ngecrek ti beurang keneh pas kasorenakeun tambah badag di barengan ku hujan angin samalah tangkal kalapa gigirieun panginepan kuring rungkad untung teu ninggang oge Alhamdulillah...malah nepi ka banjir sagala...(nepi ka benteng panginepan di jebol ku warga da cai ampir rek minuhan pakampungan).
Atuh poe isukna buru-buru nyiapkeun sagalana pikeun balik sok sanajan aya waktu keneh nepi ka sore oge, sarerea sapuk rek balik rada isuk keneh sieun hujan angin deui....pang-pangna mah siuen aya Tsunami tea. Ari pek geuning bener kajadian Tsunami mah di Pangandaran teh poe Senen kamari...
ehmmm.....deudeuh teuing Pangandaran muga anjeun sabar jeung tawakal dina nyangharepan ieu cocoba....didoa'keun sing tereh siga sabihara-sabihari deui aman tentrem...sangkan kuring bisa ulin deui....amin.

"kkbm'69"
-kang Runa saparakanca kumaha acara ka ulin ka Pangandaran teh...???




--
::ri_1::
Hompage : http://inawan.blogspot.com
                 http://inawan.blogs.friendster.com
Mobile     : +62-818-109410
www.urang-sunda.or.id.
su.wikipedia.org
[email protected]
[EMAIL PROTECTED]
urangtasik.multiply.com
inawan.multiply.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke