Kahatur Kang Oman, Kang Waluya kang Apri sareng sadaya baraya Kusnet 1. Kang Waluya,...kang Oman seratan na sae pisan,....kuring satuju pisan,...TEWS kedah anu terintegrasi sareng kondisi anu aya di masyrakat didieu. Kuring bingah pisan dina milist ieu dibahas oge ngeunaan jejer ITEWS,...mung panginten kanggo diskusi anu langkung detail teknisna na saena didamel working group (task group) anggota milist Kusnet anu haat/ikhlas ngaluangkeun waktos sibukna ngaevalasi TEWS ieu. Output ti task group ieu tiasa mgangrupa hiji dokumen kontribusi warga Kusnet kanggo masarakat urang sunda (khususna) sareng masyrakat Indonesia umumna. Draft Dokumen ieu upami tos janten tiasa dilaporkeun heula ku Task group ITEWS ka sadaya baraya Kusnet dimilist ieu kanggo di comments,..salajengna saparatos sadaya comments digundukeun,...tiasa dicobian dikintunkeu ka media lokal/nasional, ka DPR, ka gegeden anu terkait,...sebagai sumbangsih /inputan ti Kusnet.
2. Tina seratan kang Oman,...pamendak sim kuring,..akang teh anu paling ahli(gaduh dasar elmuna sareng pangalaman nana) di kusnet dina jejer ieu,...jaten upami baraya anu sanesna teu kaabotan kumaha upami Kang Oman (mugia akang oge teu kaabotan) we anu mimpin ieu Kusnet ITEWS Task group teh,...atuh, kang Waluya ,kang Apri sareng baraya Kusnet anu sanesna janten anggotana, kuring anu janten bagean cutat- catet na we ,..kaleresan dirorompok aya komputer si dukun,... Mangga diantos sumbangsih pemikiran ti sadaya baraya Kusnet anu sanesna anu bade ngersakeun bade masihan waktos sibukna ngaevaluasi jejer ieu. Upami ieu Kusnet ITEWS task group teh tiasa direalisasikeun ,..draft iterasi 1 na kumaha upami ditargetkeun digarap 1 sasih janten 20 an Agustus tos rengse tiasa di laporkeun ka forum Kusnet ieu supados dicomments ku sadaya baraya,...tah mudah- mudahan we atuh akhir Agustus upami tos rengse,...Iplengan ITEWS konstribusi Kusnet issue 1 tos tiasa di kintunkeun ka media lokal/nasional, ka DPR, ka gegeden anu terkait. Manawi sareng manawi kontribusi inputan sasieureun,..sabeunyeurun ti Kusnet ieu tiasa aya mangfaatna. 3. Kanggo bahan dasar SOW (Statement of Work) task group na seratan ti Kang Oman tos sae pisan,...digundukeun sareng seratan-seratan Kang APri, Kang Waluya,... sareng baraya anu sanesna anu bade ngersakuen ngiringan di task group Kusnet ITEWS (Integrated Tsunami Early Warning System) diantos,...mangga nyanggakeun Kang Oman,....kumaha saena. Punten ka sadaya baraya Kusnet bade naroskeun dupi `task group` bahasa sunda na anu merenah na naon? `kalompok damel` kitu? 4. Dina kasampetan ieu kuring salut pisan ka kang Jamal anu parantos langsung ngagalang dana sumbangsih ti baraya Kusnet kanggo baraya di Pangandaran anu nuju kamusibahan dina danget ieu. Punten pisan bahasa sunda abdimah campur aduk,....kirang merenah unduk usuk basana. Baktos RN --- In [email protected], "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Haturan Kang Riksanagara, Kang Apri oge sadaya anu haat merhatoskeun ieu > jejer, > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Something is new at Yahoo! Groups. Check out the enhanced email design. http://us.click.yahoo.com/SISQkA/gOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

