Kuring ngarasa kataji kana wacana perkawis EWS(early Warning System) ieu, tapi dina wacana anu beda, sanes ngaributkeun barangna atanapi alatna.
Minggon anu kalangkung kuring ngiringan kuliah "studium generale" anu didugikeun ku Pa Fuad Hassan (mantan Mendiknas). Eta kuliah teh disalabarkeun ngangge internet ti UI ka universitas Udayana (Bali), Unversitas Riau (sumatera) sareng Universitas Hasanuddin Makassar. Ari judul kuliahna teh "Teknologi, Teknokrasi dan Teknopoli". Inti kuliahna mah nyaeta netelakeun jaman kiwari teh teknologi sareng sagala sistemna tos ngabalukarkeun manusa jadi gumantung kana teknologi atanapi jadi "budakna" teknologi. Padahal sajatina teknologi teh ngan salah sahiji alat pikeun manusa dina ngahontal kabagjaan hirup. Supados teu jadi "budak" alat, urang anu ngangge alat eta teh kedah dibimbing ku hate nurani, etika sareng moral.(bandingkeun sareng kasus bom atum anu diragragkeun di Hirosima Jepang). Carita pondokna mah, dina ngamangpaatkeun EWS teh, ulah dugi ka nganggap "obat mujarab" pikeun ngarengsekeun pasualan tsunami, otak/rasio sareng hate nurani urang jadi teu jalan ku kaampuhan jeung kacanggihan EWS. Masih saur pa Fuad keneh, kalolobaanana system anu ngabeungkeut teknologi teh sok matak 'ngabekukeun' akal/pipikiran. baktos, mrachmatrawyani --- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Haturan Bah Wily oge baraya sadaya, > > Sami Abah, si kuring oge sapamadegan, henteu pati > optimis kana program early > warning system (EWS) keur tsunami + lini anu ayeuna > mindeng ditabeuh. Salian > ti alesan anu ku Abah didadarkeun, nyaeta soal > kaamanan alat tina laku > lampah vandalisme, aya alesan sejen anu pakait jeung > perilaku (karakter) > lini jeung tsunami. > > Ngeunaan karakter lini + tsunami teh kieu. Nepi ka > danget ieu, teu acan aya > ilmuwan anu bisa ngaramalkeun iraha kajadian lini > atawa tsunami. Eta fakta > anu kaiji. Anu kaduana, waktu antara kajadian lini > nepi ka mucunghulna > bencana tsunami kawilang singget, umumna antara 15 > menit nepi ka 20 menit. > Dina jero waktu sakitu, sistem peringatan dini (EWS) > kudu ngitung/mroses > data jeung nepikeun informasi ka alat-alat wawar > ayana bahaya. > > Disawang tina jihat mitigasi bencana (usaha-usaha > pikeun nyinglar > jeung/atawa ngurangan resiko bencana) eta waktu anu > 20 menitan teh kacida > samporetna. Keur mroses data wae diperlukeun waktu > kl 5 menitan, keur > nepikeun data ka statsion-statsion wawar gumantung > anggang (jarak) antara > alat jeung statsiun. Anu jelas, diperlukeun waktu > memenitan nepi ka puluhan > menit. Ari waktu keur masyarakat di lokasi deukeut > sumber kajadian keur > narima wawar jeung nyalametkeun diri kabagean keneh? > Kuring mah asa pesimis > kana jawaban kabagean keneh teh. Kukituna, alat-alat > EWS anu hargana kacida > mahalna bisa jadi loba mubadzirna, tinimbang > manfaatna. __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

